Sumuhun sim kuring Kang Gun, kantenan we atuh emut keneh, moal hilap da kantos di traktir sate Sinta di Puncak nu majarkeun urang Panjalu...!! Kumaha wartosna Pa Eddy Subali, masih keneh di Tritech...? salam we ka anjeuna, saurna mah anjeuna sakola deui nya Web Site mah kapungkur ge tos teu aya, kapungkur teh nyobian ngararancang sareng Pa Eddy namina teh Insitel, mung teu diteraskeun raraosan mah kantos dianggo ku Tritech. Numawi sok wararaas, di Denpasar taun 1996 ngabangun fastel di NTB, NTT sareng Timtim ( di Timtim mah ayeuna bangkar) paheuyeuk leungeun sareng Tritech , kantos ngadon pasea sareng bule Perancis waktos ngabangun Pagal (asana mah sual VSWR kitu...) Kang Gun geuning dunya teh alit nya, bet urang tiasa pependak didieu....! Biasana nu tanggel waler soal ME/Civil mah Pa Enceng Suhardi tapi da Enceng Rukmana ge sami we sok tanggel waler masalah eta, da sim kuring ge ari dadasar mah Transat, tapi osok we ngiring ME sareng Civil mah. Iraha atuh bade ameng kadieu ka rorompok sim kuring di Margawangi..., nu di Sekelimus mah Mertua Indah...!!
MSasmita ----- Original Message ----- From: "Akhmad Gunawan" <[EMAIL PROTECTED]> To: <[email protected]> Sent: Saturday, June 04, 2005 3:02 PM Subject: Re: [Urang Sunda] Ua Sas ngawitan MPP > Euleuh-euleuh kutan teh anu sebatan Ua teh Kang Mamat > tea. Emut keneh teu ka sim kuring, kapungkur sim > kuring kantos jajap ka palinggihan Ua sasarengan ti > Jakarta mung upami teu lepat mah masih di Sekelimus. > Ua sim kuring teh anu macul di TRITECH saren Eddy > Subali. Kapungkur pan waktos proyek PROTEL Eddy Subali > ditugaskeun di Denpasar saurna ngawitan ngutak-ngatik > web-site di Denpasar teh sareng Ua. Naha aya keneh > web-sitena???. > Atuh upami pak Encen duka naon tah pengkerna mung > biasana anu ngagaduhan tangeng waler masalah Civil/ME. > > > Hatur nuhun ah ditepangkeun didieu. > > Salam baktos bae, > WAG > ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Does he tell you he loves you when he's hitting you? Abuse. Narrated by Halle Berry. http://us.click.yahoo.com/aFQ_rC/isnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

