Saurna mah tiasa nganggo program 'DoubleType' kanggo ngadamel font TTF. Tiasa didownload ti http://sourceforge.net/projects/doubletype/
Aya oge Macromedia Fontographer, tapi nya pangaosna lumayan (http://www.amazon.com/exec/obidos/ASIN/B00002S9PW/002-8960359-6323252)

Tapi sim kuring teu acan nyobian. Anu diperyogikeun ayeuna panginten nya gambar aksara sunda anu lengkep, katut sagala curek-(a i u e o)na.
Teras kedah aya oge kasapukan kumaha tah metakeun unggal aksara Sunda kana keyboard komputerna.

-Dian-


On 06/06/05, kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Tah, cing, Kang Dian/MH, kumaha carana eta teh pami hoyong nyobi2 ngadamel dina TTF, OTF, MathML jeung sajabana teh, teu ngarti eung....
Kungsi naroskeun ka nu ngadamel rupa2 aplikasi aksara asia, kedah gaduh keyman, anu anu anu, walah bingung euy...

On 6/6/05, Dian Nugraha < [EMAIL PROTECTED]> wrote:
Asana mah langkung sae nganggo standard font nu tos aya, nyaeta TTF atanapi OTF. Teu langkung naha bade ditempatkeun dina wilayah ASCII atanapi wilayah UNICODE. Salian bakal tiasa dianggo dina lingkungan web, oge tiasa dianggo dina lingkungan desktop.






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Reply via email to