Title: Message
 
Muhun Uwa, ai kitu mah hate sareng pikiran Rafly tos ringan tos teu aya beban kanggo salajengna, semoga uwa dipasihan kesehatan, kamari oge abdi ngirim KOPDAR - UI, sadayana oge tos ngahapunten abdi.
 
Uwa, Rafly jadi isin ach disebut aya mutiara,...tapi hatur nuhun wa, Rafly bade belajar ka Uwa anu tos senior, abdi oge nyuhunkeun direvisi mun aya tulisan anu salah..Rafly siap belajar ka Uwa. 
 
ieu aya pertanyaan anu ku Rafly teu acan paham
1. Tandang Makalangan?
2. Panginten?
3. Sakantenan?
4. Agul?
5. Kacapukan, Katut? : ti email kang Dian
6. Embaran? : ti email Kang Kumincir
 
Hatur nuhun Uwa, Rafly bade permios
Mangga,
 
Rafly

Waalaikumsalam wr. wb.
Cep Rafly si Uwa mah ti kamari oge parantos ngahapunten ka cep Rafly....!!, malih apan si Uwa oge parantos nyuhunkeun dihapunten ka cep Rafly, sanes ....??.
Syukur Alhamdulillah upami cep Rafly parantos kaduhung (menyesal) kana kalepatan anu kalangkung, insya Allah sadaya wargi oge parantos ngahapunten ka cep Rafly.
Ulah..ulah sedih..., cep Rafly pasti tiasa teras ngiringan di milis, upami ngiringan ieu milis duduluran (persaudaraan) anu di pilari (dicari).
Saleresna si Uwa oge ngaraos agul ku cep Rafly, tina kajadian anu tos kaliwat si Uwa mendakan tilu mutiara didiri cep Rafly;
1. Teu belikan (pundungan)
2. Panceg teu galideur (teguh)
3. Narima (rumasa) kana kasalahan.
Padahal eta sifat teu ngancik dina diri urang Sunda, ceuk stereotype ti etnis deungeun (mangga tinggali dina file postingan para wargi anu kalangkung).
Si Uwa amanat jagi (jaga) eta tilu mutiara teh tambihan ku mutiara-mutiara sanesna, insya Allah cep Rafly tiasa ngiring tandang makalangan.
 
Pidu'a
ssw
(aehhh... ieu teh ka sim abdi kitu......??? heuheuheu geer eung....)


 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke