Check out this new journal entry I've put on Multiply. To add a comment to it, or see the other stuff I've posted, you'll need to join Multiply first if you haven't already (don't worry it doesn't cost anything).

You might be wondering what Multiply is -- it's a great new way to keep in touch. Check it out when you get a chance.

If you don't want to receive these messages, just let me know.

Journal EntryCerpen Bahasa SundaJun 2, '05 12:06 PM ET
for everyone

Enok Asih

 

 

Panon poe keur sumedeng ngabetrak.

Nangtung sawatara lila tukangeun Amih, sirah lenglengan keneh. Mabok salila naek beus ti Cirebon teh, sajajalan teu bisa kaitung deui ongkek-ongkekanana. Karunya we ka Amih anu dagdag-degdeg, ngupah-ngapeh sangkan kuring henteu katutuluyan mabokna.

Sirah ngalieuk deui ka palebah beca. Iiih, geus jauh geuning Si Abang Beca teh. Ti garbang Griya Mutiara duaan kana beca. Amih teu wasaeun sigana mireng kayaan kuring. Jeung enyana leumpang oge asa ngarampeol basa turun tina beus teh.

 “Tah… ieu imahna, Nok,” cek Amih anu henteu weleh sabar. Duaan sajongjongan mah kalah pating hariul hareupeun hiji imah sigrong. Panto garbangna teuing ku luhur, aya meureun lima meteran mah. Kakara engeuh sabudeureun kuring jeung Amih imah-imahna mana alagreng nakeran.

“Mmm, muhun Mih…” sungut tiba saengab.

“Kumaha, lieur keneh?” Amih neuteup bangun hariwangeun naker.

“Eee… henteu da, henteu nanaon, Amih,” cekeng teh gasik ngarobah parangi. Sok sanajan lenglengan oge, tapi hate teu merean mireng Amih sakitu hariwangeunana.       

“Ieu atuh permenna deui,” Amih ngusiwel kana kantong keresek, husus dieusian ku sagala rupa kaperluan darurat kuring sarupaning termos leutik, kukuehan, permen, soklat jeung sajabana. Sok nyodoran permen loli.

“Asyiiiik!” giak kuring nampanan kalawan atoh, puguh karesep kana permen loli mah.

“His, lalaunan atuh mesekna,” Amih mesem mireng kalakuan kuring, teu sabaran mesek bungkus loli.

“Nuhuuuun… nuhuun Mih!”

Sruuuup… mmm, amis, segeeer!

“Enok, Enok…” Amih tiba gogodeg.

Ukur ngabelehem meueusan. Sabaraha taun cenah umur kuring teh? Manjing rumaja, 18-an, tapi ceuk batur kalakuan kuring bubudakeun bae.

Amih, ehmm, aya ku tulaten ka anu jadi incu. Amih, enya kitu we kuring nyebut ka nini teh, istri sepuh yuswa manjing 60-an. Socana teuing ku liuh, neuteup keneh kalawan deudeuh, tangtuna oge bari teu petot nyimbeuh kadeudeuh tan wangenan. Mungguh tingtrim mun mireng pameunteu Amih. Socana lir talaga wening, moal saat nyadiaan kanyaah anu ngagenclang pikeun kuring. Incu hiji-hijina sok sanajan kuring loba kakuranganana.

 “Ka mana nya Si Mang Sani?”

Amih ulag-ileug, nitenan ka jeroeun garbang tohaga payuneunana.

“Mang Sani saha, Amih?”

“Satpam, sopir ongkoh… Apan osok ka urang, Sih, geuningan basa teun tea nganteuran barang…”

Mang Sani, nu mana nya? Ah, duka atuh! Lebeng sanajan dikotektak oge taya gambaranana dina uteuk kuring. Puguh memori kuring mah payaaah!

Teup deui ka Amih. Siga ngahuleng, nya mikiran naon atuh ari Amih?

“Eh, enya nya tacan dibel!” cenah bari capa-cipi neangan bel.

Tiiiing… Toooong! Tiiing… Toooong!

Sora bel harus handaruan. Tapi taya sasaha, taya reaksina.

“Ieu… bumi saha, Amih?”

Ups, pasti bolohona teh nya Si Enok?

“Iiih, apan ti tadi oge tos diwartosan ku Amih. Nya ieu bumina Mamih-Papih Enok.”

Sirah unggut-unggutan, permen loli rasa jeruk digalemohan. Lumayan, sirah teh henteu lenglengan teuing. Mungguh segeeer!

Mamih-Papih kuring, nya? Eum, kitu nya kitu… kumaha Amih we atuh!

“Geuning teu aya sasaha, Amih?” beuheung milu ulag-ileug ka jeroeun garbang.

“Sabar nya, Geulis, sabaaar…”

“Uhun…” Sirah unggeuk, biwir mah anteng ngecrokan permen loli.

“Mmm… Geulis, bageur…” Panangan Amih ngusapan sirah kuring, heg lalaunan dongko, menerkeun jilbab kaos pulas pink anu remen miring kenca-katuhu.

Teup, dua panon pateuteup deui. Duka da boh sanajan remen oge, sanajan saendengna… Ah, enyaan sueeer, ceuk Si Aming tea mah. Kuring resep we nu aya mun peteuteup jeung Amih teh. Reseeep!

“Tah kieu atuh, Geuliiiis…” pokna sabada menerkeun jilbab pamEnokanana basa kuring nyarita hayang miluan ngaji di bumina Teh Inet.

Ah, aya nu aheng yeuh!

Dina soca Amih siga aya anu ngagenclang herang, celak-celak ti kajauhan lir bentang anu sakeudeung deui bakal muruluk maruragan.

“Amih…” Duka ku naon ujug-ujug asa aya anu meupeuh dina jeroun dada kuring.

Heg, nyabut… duuuh, ieung! Teu wasa nyebutkeunana, ongkoh teu kaharti, nya parasaan naon ngaranna kaya kieu?

“Pssst… deudeuh teuing, ulah hengker. Enok mah apan tos ageung, tos sawawa, iiih! Sakitu tos gaduh… Aa Boboy teh!”

Celepoot… Amih ngesun pipi, ngarayap tuluy kana embun-embunan, lila di palebah dinya lir anu nuju ngocorkeun sabagean kakuatanana ka kuring.

“Mm… Aa Boboy, Mih? Engkin… moal nanaon?”

Iiih, jadi paciweuh kieu yeuh omongan teh? Sojorelat Aa Boboy lir ngabelegedeg, tuh di ditu di kajauhan, luhureun sirah… Hei, Aa, siga keur ngadadahan tukangeun mega-mega. Ngadadahan Enok, nya Aa?

“Nya moal nanaon… Eeh, nanaon… naon atuh ari Si Geulis?” Amih ngegelenyu.

“Mm, duka… naon we…” Biwir kabawakeun ngabelenyeh.

Tibatan nurutkeun parasaan, mending nyieuhkeun sagala kahariwang anu duka ti iraha haben we ngukuntit hate. Asana mah ti saprak Amih nguningakeun ngeunaan indung-bapa kuring anu sabenerna. Bener ti harita sigana mah, hate kuring bet remen guligah. Jantung mindeng seseblakan, teu puguh rasa, teu puguh rampa. Honcewaaaang!

“Tos, ah, ulah ngemutan nanaon nya Geulis. Tenang we Enok mah, terang bereees! Cepeng jangji Amih ieu, okeeeh?”

“Eeee… okeeeh!” Kuring meh ngajerete awahing bungah.

Baku Amih mah ari tos ngaheureuyan bet ngadadak siga barudak ngora bae. Amih mah ketang da kitu katingalna teh, resep heureuy jeung barudak ngora. Matakan sanajan nini-nini oge, pameunteuna lir sumiratan, mo bina ti yuswa 40-an. Ceuk babaturan kuring mah; magarkeun Amih Enok mah nini-nini gaul, meeen!

Amih Geulis, Amih Sayang, hate ngadadak baceo. Da Enok mah henteu nanaon atuh, Mih. Sidikan Enok karunya ka Amih. Geura urang teh apanan jauh-jauh lunta ti Cirebon. Ngahaja ka Jakarta rek manggihan indung-bapa Enok. Deudeuh teuing Amih. Sumanget naker ngajakan Enok miang pasusubuh. Bari jeung kudu aduregeng heula jeung Enok. Ngupah-ngapeh, ngajangjian sagala rupa… ah!

Ngan biwir bet ngarapet deui, ngabetem salila-lila. Kalah hayoh ngucel tungtung jilbab. Hese pisan hayang ngungkab eusining hate sajalantrahna, sakumaha jalma anu normal lianna. Boroning bisa nyoroscos, ngagorowokkeun sagala parasaan, sarupaning ekspresi jiwa… Sidikan ngomong oge remen ngabelepbep!

 Hanca

                                  @@@

 

Naaaah....mau tahu sambungannya kaaan?

Kalo penasaran beli aja majalahnya, kereeen euy!

Majalah berbentuk mungil diberi nama Sunda Midang.

Teteh nulis dalam bahasa karuhun sejak tahun 1989, pas lagi sekarat gak mau nulis sama sekali. Ini saat teteh hamil Butet.

Eeee... mana sangka kalo begitu mborojoool, dia malah ngikutin jejak mamanya.

 

 Saya belajar bahasa Sunda secara otodidak juga, tapi ada senior yang sangat memotivasiku

Holisoh ME!

Semoga sekarang dia masih eksis.

Saya tahu, seorang putrinya telah menjadi wartawati.

Kenangan itu... sungguh menyenangkan, waaaaas nya Ceuceu Holisoh!

Di manapun Ceuceu berada kini, saya takkan melupakan budi baikmu.

Wilujeng, sonoooo pisaaaan!

 

Kemudian ada juga pengarang favoritku, namanya Rustandi Kartakusumah. Pas kelas empat SD aku bener-bener nyandu sama karya-karya beliau. Tau gaaak... sampe berani ngorupsi duit yang seharusnya buat beli minyak tanah, eeeh... malah kubelikan majalah Langensari yang ketika itu lagi memuat cerita bersambungnya Rustandi Kartakusumah.

Ibuku yang kelabakan nyariin si sulungnya ke mana-mana, akhirnya menemukanku lagi bacaaaa aja di atas lingga alun-alun Sumedang.

Iiiii....hiiik, lucu bener kalo inget itu!

Sekaligus nyeseeel banget deh, ah, kok berani-beraninya ngorup. Kecil-kecil! Dihukum sama Emak gak takut, sebaliknya malah kesenangan. 

 

Gak boleh keluar rumah selama seminggu? Yaaa... kayak pucuk dicita ulam pun tiba atuuuh! Baca aja kerjaanku selama seminggu itu, bikin Emak makin... bete 'kali ya?

"Ya, sudah, sekarang mah sana boleh main lagi!" usir ibuku pada hari ke-8.

"Da gak mau main teteh mah," bantahku.

"Tuluy rek nanahaonan deui atuh? Menta duit buat beli majalah lagi yah?"

"Bukan... boleh ke tempat sewa buku, ya?"

 

Kulihat wajah ibuku yang semula muram mendadak sumringah. Dikeluarkannya uang beberapa logam keping dari saku dasternya.

"Ya sudah, sekalian pinjami Mak buku baru," perintahnya sungguh bikin aku berjingkrak, giraaaang!

 

Ternyata hobi baca itu sudah menjadi kebutuhan sejak kecil. Dan itu sungguh keturunan, Sodara!

Kayaknya kalo gak ada bacaan, bahkan sampai setua itu (usia ibuku sekarang 71) kulihat beliau akan mondar-mandir, salah tingkah gak karuan. Kesukaan membaca juga bikin Emak awet muda, jernih berpikir dan tahan... berdebat!

 

 Kuwariskan keharusan membaca itu kepada dua anakku, Haekal dan Butet. Sejak kecil aku tak pernah memanjakan mereka dengan mainan yang berlebihan. Maka, jangan heran kalo keduanya gak pernah tahu; apa itu pe-es. Di mana-mana buku berserakan. Kalau digabungkan koleksi buku kami berlima (ditambah menantuku Seli) niscaya akan ada 5 lemari. Mungkin sepertiga rumahku isinya adalah buku.

 Bagaimana dengan Anda?

 Salam kreatif!

 




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke