Title: Message
sanes, ari palika teh ngala lauk bari teuleum ... ? biasana mah di walungan
sakaterang abdi .... punten upami lepat... atanapi aya baraya anu langkung
terang.... mangga...
 
nambihan sakedik, manawi aya baraya anu gaduh alamat e-mailna abah joe
abdi nyuhunkeun.... hatur nuhun sateu acana ...
 
ks
-----Original Message-----
From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of suryadi_s
Sent: Tuesday, June 07, 2005 2:19 PM
To: urangsunda@yahoogroups.com
Subject: Re: [Urang Sunda] patarosan.....ngubek balong.

Hapunten rada telat diwaler........... ma'lum riweuh ku cicing.............
 
Bagja ..........upami kaluuhan..........
Mangga teh teuing bingah nu taya papadana (saur kidalang  tea mah) saupami bade ngersakeun sareng ngarencanakeun kopdar di balong sim kuring mah,
namung rada tebih sareng jalanna tos rada awon.......... langkung jelasnamah mangga taroskeun ka Ua Sas anu tos kersa ka lembur sim kuring.
Upami ti Bandung mah  nyaaaa peryogi waktos kirang langkung 2 jam-an.
Mangga Ua Sas kanggo rencana salajengna abdi nagntos wartos ti Ua.
 
Hatur nuhun Ua Sas anu tos kersa rurumpaheun ka rorompok sim kuring, namung hapunten teu tiasa nyugemakeun, 
Alhamdulilah Ua Sas ari ngecrik mah abdi teh masih keneh tiasa
margi upami ka lembur teh teu nguseup nya ngecrik tea.......... janten elmu palika teh masih tiasa dilastarikeun
 
----- Original Message -----
Sent: Sunday, June 05, 2005 9:32 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] patarosan.....ngubek balong.

Beu...ambeu sangu beureum + beuleum lauk......emmmhhhhh....
Asa katantang ku ngecrik ....  !!, tos lami yeuh tara newak lauk maksa...(ngecrik...),
da tos biasa ngala lauk anu rido bari nipu ka lauk.... mancing...!!
asa-asa masih keneh aya tah elmu bulika teh (palika...heuheueheu....)
Nya upami teu tiasa dibalongna kang Suryadi mah bade ngalintar dibalong anu pangbadagna wae dilaut Pameungpeuk......heuheuheu....
Waasssss.....


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke