Teu langkung... kang dimana bae saena........
saabdieun mah dimana-mana oge tangtos aya saena....
di Rajamantri moal udag-udag waktos panginten..
atuh di Cupumanik tiasa sakantenan jajan buku panginten...
anu utami mah lokasina pang gampilna dijugjug ku wargi US anu di Bandung.
Mangga ka abdi mah ngiringan bae...
 
Pihatur
ssw

MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kaduana eta hoyong matotoskeun tempat kanggo riungan Kusnet di Bandung tea nu diancer ancer kaping 18 Juni, pas aya Kang Siddik sareng Kang Ganjar. Ari tempatna mah tiasa kanggo ngariung dua puluh jalmi mah bari ngampar samak atuh upami dijugjug teh teu tebih teuing da kaetang dikota eta mah, di Jl Karawitan 46, tapi upami dibandingkeun sareng di MJ di Rajamantri mah lega keneh di MJ...(Kang Siddik hapunten teu acan survey ka tempat anu
sanes...!!).
Duka tah naha mending dimana nya..?
Eh...baraya.... di Cupumanik teh seueur buku Sunda lami nu dicitak ulang kayaning Dukun Lepus yasana Ahmad Bakri, Awewe Dulang Tinande/Tjaraka, Sripangging/Tjaraka jste atuh buku wedalan anyar ge aya sapertos Panganten, Ti Pulpen tepi ka Pajaratan Cinta, Anak Jadah jrrd....lamun tea mah jadi ngariung teh di Cupumanik sigana nu hadir  tiasa bari meser buku, kapan buku Sunda teh kanggo saha deui upami sanes kanggo Urang Sunda.
Geura upami tae mah Kang Miih anu sakitu jelugna (nyebat jelug teh pedah we ningali fotona) upami sering maca buku Sunda tangtos moal dugi ka nyarios " sayah teh orang Sunda tapi kagak bisa bahasa Sunda...", kapan janten urang Sunda mah sanes pilihan tapi tiasa basa Sunda mah pilihan, seueur urang bule urang Jepang sareng bangsa asing sanesna anu tiasa basa Sunda tapi tetep we maranehna sanes urang Sunda kitu deui sawalerna seueur urang Sunda anu
ngangken teu tiasa basa Sunda nya panginten eta mah pilihanana da ari anu milih tiasa basa Sunda mah geuning sok sanaos tos puluh puluh taun di nagri deungeun ge tetep we basa Sundana mah sae pisan ( buktosna Kang Siddik anu tos puluhan taun di Korea sakitu norolang basa Korea-na basa Sunda-na tetep we norolang atuh Abah Joe anu tos puluhan taun di New York tangtos basa Inggrisna norolang tapi basa Sunda-na tetep we sakitu beres roesna tara gagayaan iinggrisan sagala....salam baktos ka Abah Joe tos lami tara patepang naha ari di Ki Sunda sok aya..?). Kanggo rasa syukur ka Alloh Swt
wirehna sim kuring dijantenkeun urang Sunda nya sim kuring sok ngagunakan basa Sunda.
Wallohualam.

MSasmita






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke