Hatur nuhun wartosna, Uwa Sas. 
Manawi aya widi Allah, sasih payun abdi bade mudik mudah-mudahan 
tiasa patepang.
Sakantenan bae, ngahaturkeun nuhun ka para kuncen anu parantos 
nyadiakeun ieu milis. Alhamdulillah ti milis ieu abdi kenging bala 
bantuan kanggo kalancaran kagiatan yayasan, diantawisna MJ (nu 
bageur sok mangmeserkeun buku kanggo pabukon), lajeng Kang Suharja 
(nu mantuan kanggo ngadata murangkalih ti Gunung Kidul nu bakal 
kenging bea siswa) oge Kang Deny Suwarja (nu kalintang ageung 
sumangetna kanggo ngabantos pendidikan murangkalih nu teu mampuh, nu 
kiwari parantos resmi oge janten koordinator kagiatan yayasan annisa 
indonesia di wilayah jawa barat).
Hatur nuhun ka sadayana.
wassalaam,
Lies

--- In urangsunda@yahoogroups.com, "MSasmita" <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
> MessageWilujeng ka Teh Lies sareng Kang Kumincir, wireh tos lebet 
kana majalah Sunda Cupumanik.
> Ari Teh Lies mah dina rubrik Urang Sunda, nyarioskeun pangalaman 
sareng ketak Teh Lies ngawitan ti Tasikmalaya tug dugi ka London 
sareng seueur kagiatanana utamina dina widang yayasan nu masihan bea 
siswa ka barudak di pilemburan.
> Kang Iskandar alias Kumincir tea inyana mah nyerat perkawis 
Lalayaran di Dunya Maya, nyarioskeun basa Sunda dina Internet dugi 
ka kagiatan Kusnet, digitalisasi Buku Sunda sareng Wikipedia basa 
Sunda.
> Ka balarea mangga geura aos dina majalah basa Sunda Cupumanik No 
23/2005 sasih Juni 2005, sareng mugi mugi we nu nyerat dina majalah 
teh beuki nambihan.
> 
> MSasmita




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Reply via email to