Muhun bah, insyaalloh pami nuju pere bade sindang ka bumi-na bah Willy, 
sa-sasih kapengker sim kuring oge nganter pun biang ka dinya teh meser kueh 
bolu/kue lapis, malihan nuju sakola kapungkur kantos belajar kelompok kadinya 
teh, muhun bah di sabundereun padasuka mah seueur seniman sunda anu tos gaduh 
nami sapertos Dalang Dede Amung S, Mang Udjo, 'eceu' saha teh anu kawentar ku 
"inihong di Bojong Rangkong teh (hilap deui)" malihan tukang kendang na oge 
rerencangan (Ruhimat ti ASTI).

ka kang Yudi, teu aya lepatna,....etang-etang Nostalgia amengan deui ka 
Sukasenang (seueuer perobihan geura), komo pami pendak sareng rerencangan 
kapungkur sok nyeblak teh....waas,he...he 3x 

Baktos, Dani RW
     

-----Original Message-----
From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Behalf Of Waluya
Sent: Tuesday, June 07, 2005 2:59 PM
To: urangsunda@yahoogroups.com
Subject: RE: [Urang Sunda] File - Aturan Milis Komunitas Urang Sunda di
Internet.doc


Da sim kuring oge ayeuna mah di Bumi Asri III, kuloneun Bumi Asri
IV. Ameng atuh ka rorompok. Kang Kumi, Kang Ian jeung Neng Empup
mah kantos nganjang. Gampil da ti Bumi Asri IV mah, kantun ka
kulon, mendakkan pudunan, taroskeun we ka tukang bengsin 2 Tak,
pasti apaleun. Da teu tebih tidinya.

Ari kapungkur mah di Padasuka, nuju sakola jeung nuju bujangan,
di bumina  pun Ua. Gigireun pisan bumina Dalang Dede Amung
Sutarya (istri dalang Dede teh alona pun Ua istri).

Baktos,
WALUYA



> sakaterang abdi nu kagungan teh muhun leres urang China
> jenenganana Yunus, nuju kapungkur mah memang aya B2-an eta
> katuangan teh, tapi sim kuring oge ningalina teh ti sertifikat



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links



 




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Reply via email to