Biasana "online" kana internet teh manteng sadinten jeput salami dipadamelan
atuh kitu deui nampi email masing bade sakumaha ageungna ge teu janten
masalah da di kantor tea teu kedah mayar nyalira, ari ayeuna kedah "dial
up", keur mah karaosna lelet atuh karaos beuki ripuh da kedah mayar tea, ari
lami teuing matak digambreng ku patih goah.
Baheula mah sok teu pati openan ka email nu ngagebay panjang tapi eusina
mung ukur sauted, ari ayeuna mah enyaan ngarahuh, hoyong mah hoyong ngiring
ti enjing keneh posting mairan teh tapi nya kitu dalah dikumaha kawatesanan
ku kaayaan, kukituna hapunten ka sadayana baraya mairan teh siga nu dijojoan
atuh kitu deui bilih aya nu kalangkung hapunten.
Enya sim kuring teh masih keneh sabage kuncen#2 ngan teu pati aktip, sakali
deui hapunten, tapi ketang kuncen ayeuna mah tos genepan sok sanajan nu
aktip mah mung limaan kelebet sim kuring nu teu pati aktip.
Aya saena eta bewara ti Kang Kumincir sabage kuncen #5 nu tos ngiberan ka
urang sadayana supados diperhatoskeun, da sigana anu ngakses email siga sim
kuring teh sanes hiji dua tangtos seueur, sok sanaos nu aktip silih pairan
teh seuseueurna mah nu ti padamelanana bari ngaksesna haratis....eh aya
ketah anu ngaksesna ti bumina tapi haratis nyaeta Teh Mpup.
Sim kuring ngiringan ieu milis teh 6 taun jalan, ti sasih Mei 2000, tos
seueur elmu nu dipulungan ku sim kuring, utamina mah silaturahmi sareng
papada Urang Sunda ngaraketkeun duduluran, kenal sareng itu sareng ieu nu
diditu nu didieu.
Munel kacida sareng seueur pulunganeunana malih mah ku sim kuring sok
dijantenkeun kareueus sok diobrolekun boh sareng kulawarga kitu deui sareng
rerencangan anu sanesna.
Kukituna sim kuring umajak ka baraya sadayana hayu urang papada ngamumule
ieu media, sasieureun sabeunyeureun mugi aya kontribusina kana kalanggengan
basa Sunda.
Hatur nuhun

MSasmita















Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke