Hapunten nembe diwaler..kang Kumi, kaleresan sadidinten simkuring teu didamel payunen komputer katambah kamari dinten kemis teh katelah bouncing.
Leres kang ! Simkuring sapamadegan sareng akang....ngan sok janten kabiasaan sim kuring naros kanu nyerat ieu teh sajarah atanapi silsilah ?sawios-wios jawabanana kumaha wae oge. Atuh lamun ceuk anu nyerat ieu mah sajarah nya mangga teuing mereun berarti dina seratanana aya rekayasa atanapi hal nu teu acan pasti ditambih aya unsur kirata (kira-kira nyata), atuh upami ceuk nu nyerat ieu mah silsilahnya mangga wae, berarti ieu mah bebeneran anu haq janten seratanana salevel sareng sajarah seratan tina Al-Qur'an (lantaran Muhammad mah naroskeun langsung ka jalmina meuereunnya ?).
 
Kunaon simkuring sok naroskeun kanu nyerat ieu sajarah atanapi silsilah, lantaran ceuk simkuring upami salah nulis mah tiasa dihapus tapi mun salah omongan/ucapan kumaha ngahapusna ? jeung kasaha menta hampurana ? lantaran janten fitnah...kitu lain mama ?. Janten dina pertanyaan ieu sajarah atanapi silsilah ngan saukur menta "garansi" ti simkuring kanu nyerat. Mudah-mudahan garansina sanes garansi toko hungkul...hahaahaha
 
TAJIMALELA
----- Original Message -----
From: kumincir
Sent: Monday, June 06, 2005 9:53 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] Ieu Sajarah atanapi Silsilah ?

Tah, bebeneran, eta meureun koncina. Masalah sajarah atawa silsilah, ceuk kuring ieu mah, duanana bisa dipalsukeun. Anu benerna, boh dina sajarah atawa silsilah, nya sebut bae sajarah nu bener. Sajarah anu ditulis bari jeung teu ngebrehkeun kajadian anu sabenerna, atawa kalawan teu dihaja ukur ngebrehkeun naon rupa sakumaha sawangan nu nulis, nya meureun asupna kana kategori sajarah nu disalengorkeun, direkayasa, atawa sebut bae, "ukur" teu objektif & teu lengkep. Jadi, dina kituna, anu salah teh lain sajarahna, tapi PANYATETAN SAJARAH (PENCATATAN SEJARAH maksudna mah).  Sabab nu gumantung ka nu nyatetna mah LAIN SAJARAH, tapi CATETAN SAJARAH. Nya di sagigireun ti eta, tangtu aya SAJARAH NU BENER", dina harti naon rupa anu sabenerna geus lumangsung sapanjang mangsa nu geus kaliwat. Kitu panginten, Kang...

iaa

On 6/6/05, Tajimalela <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Benten....kang ceuk sim kuring mah, anu dimaksad ku kang kumi berarti eta jelema nunjukeun sajarah, nyaeta sajarah turunanana anu direkayasa ku nyalira.
Ceuk simkuring mah kedah aya anu benerna.....nah anu benerna ieu ngarana naon atuh ? Sesah emang ngabedakeun antara silsilah sareng sajarah lantaran sok disakompet daunkeun, ngan dina masalah ieu tetep kudu aya nu ngabedakeunana.......pan bener jeung salah pasti beda lain ?. Anu dimaksad jejer "Ieu Sajarah atanapi Silsilah", teu aya sanes sami sareng naros kanu nyerat "Ieu Kabeneran atanapi Bebeneran".


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke