Title: Message
 
Wa'alaikum salam wr.wb.
 
Sami2 teh Puji, kumaha damang?
mangga atuh lajengkeun tong isin2, baraya di ieu lembur mah sae sadayana oge jeng bageur
mangga atuh diantos pisan postingna...
hatur nuhun,
 
salam,
Rafly 
Asalamu'alaikum wr. wb.
 
Hatur nuhun ka wargi sadaya kana pangbageana.
 
Haturan Kang Kris: di Palembangna leresan mana kang? Kapungkur sering abdi ka palembang. Padumukan di Sukarame km.7.
 
Haturan Kang Murdi: Kahade ah ... bilih lepat tinggal ... mangkaning di bandung ge seueur geuning pameget jiga istri.
 
Haturan Kang Rafli, Kang Iman, Kang Yayan, Kang Dudi, oge Kang Kandar: Hatur nuhun kang, pangbageana.
 
Haturan Teh Lies: Margi abdi nembe majeng sataun ayeuna, bumen-bumen di Cijambe teh janten teu acan seueur anu kenal.  Rupina rerencangan eteh teh .. leresan pasir jati panginten nya.
 
Haturan Kang Toni: Seneng ngabaso kang? baso dipalih dinya raos kitu? Keun engkin abdi bade nyobian lah.
 
Haturan Kang Idwan: Sababaraha lami ieu kang, abdi tara ngalangkung kapalih dinya. Mung kamari abdi teh ngahaja ngalangkung. Dina emutan teh ... euh .. jiga kieu panginten kang idwan teh ... geuning bet teu bosen gugulantungan .. bari teu cape .. caliweura. hehehe ...
 
Haturan Kang Idik:  Mugi dikoreksi, seratan diluhur. Hatur nuhun.
 
Cag ah..
 
Teh Puji


Discover Yahoo!
Stay in touch with email, IM, photo sharing & more. Check it out!

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke