Hatur nuhun ka wargi anu tos ngeretegkan dina hatena masing-masing.Mugi du'a ti sarerea (saha wae) bakal diijabah ku Gusti Alloh(Upami teu lepat mah du'a ti 40 jalmi)Amien.....
Wabil Khusus ka :
Kang Pituin,Kang Siddik Wiradi,Kang Dani RW,Kang Dudi Herlianto,Kang Roisz.
punten ka wargi anu teu kasebat ulah geuneuk maleukmeuk...
 
Baktos,
Idwan&pun bojo
-----Original Message-----
From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:[EMAIL PROTECTED]On Behalf Of Pituin
Sent: 11 Juni 2005 0:42
To: urangsunda@yahoogroups.com; [EMAIL PROTECTED]
Subject: Re: [Urang Sunda] Do'a

****************************
Haturan Kang Ridwan.

Alhamdulillah Kang! mugi amanah nu insyaalloh katampi ku akang tiasa janten rahmat, kitu deui kasaen.

Pangdungana.....

Mugi bae tuang rai dina waktosna ngababarkeun engke dipaparin katenangan, kasobaran kitu deui kalancaran.

Panginten sumpingna tuang putra, insyaalloh tiasa ningketkeun kasaean tur kasampurnaan hirup akang sareng tuang rai, sumawonna kana kaimanan ka gusti nu maha nyaah.

Pamugi tuang putra dipaparinkeun yuswa nu mangfaat pikeun sepuhna, agamana, dirina kitu deui sabudeureunana dimana inyana ngalampah.... amin!!!

Mugia dikobul, nun gusti!!


-pun adi sarimbit-
*****************

-------------------x diteukteuk (inisiatif sorangan, karunya Kuncen beusi ambek  ...heuheuheu) x--------

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke