Wilujeng enjing Teh Lies,
ohh.. masih keneh ayanya data na teh.. beu...
bari na oge upami bade ka luar nagreg mah sanaos S'pore oge da teu kiat ari
kedah artos nyalira mah.. ngantosan dibayarkeun ku pausahaan ;p
di S'pore sanes training IT.. ateuh meun kantos di Training IT mah moal
GapTek pisan..heuheuheu.. barina oge abdimah mung lulusan S3 ( SD, SMP, SMA
) mung kedah bersaing sareng anu Sarjaun di pausahaan ieu teh.. da mung
nyalira anu lulusan S3 kangge staff na didieu mah.
kapungkur training teh biasa wae dina rangka padamelan ngurus Gudang sareng
masalah Export Importna.. da pausahaan enggal di Indonesia na..
kaleresan abdi dipercanten kangge nanggung jawab ngurus Department Ware
house sareng SHIPPING... sareng karena atos sagala computerized ( paperless
) janten nya kedah diajar oge ngeunaan system nu diangge ( Movex / AS400 )..
salami 6 Minggu wungkul digejret eta mah kedah tiasa, ditambih deui kedah
ngartos program kangge Planner sareng Produksi mung Alhamdulillah ari ku
niatmah sanggup wae geuningan..hehee.. dajeung kajurung ku pikiran sesah
nyiar deui padamelan anu ngahasilkeun artos.. da ari milarian damel wungkul
mah seueur, mung anu ngahasilkeun artos mah sesah..

Baktoz,
Çéçép Wahyu



-----Original Message-----
From: indomum [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Thursday, June 16, 2005 2:50 AM
To: urangsunda@yahoogroups.com
Subject: Re: [Urang Sunda] database paspor


Kang Cecep Ule, parantos seep oge rupina masih karekam didinya, bilih 
bade diuningaan mah................ 
Muhun rek dianggo rek henteu, kosong molongpong keneh oge tos 5 taun 
mah kedah digentos deui ku buku nu enggal. Ari nu pasporna beureum mah 
raos mung 10 taun sakali gentosna teh. Tapi abdi mah teu acan kabita 
nu beureum masih keneh ngeukeuweuk nu hejo.
Training naon Kang di S'pore teh? widang IT sanes?


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke