Maksad abdi dina fisik teh geulisna. Teu jauh nya mun abdi nanaroskeun ka pameget cekeng teh cik ari melarian istri hoyong anu jiga kumaha. Maranehna ngajawab tangtuna anu geulis, anu geulisna didieu digambarkeunna teh anu bodas, anu jangkung, anu rambutna panjang, pokona ngadeukeutan anu sampurna we lah. Tapi....tapi memang meureunan ari jang lalaki anu saukur ningali fisikna mah anu lianna deui teu kudu jadi partimbangan pokona, geulis we.
Tah ari jang lalaki anu ningali deui partimbangan sejen, cenah mah da geulis ge teu cukup jadi ukuran. Aya deui panilaian sejen anu leuwih penting, misalna dina sipat atawa perilaku/kapribadian. Tapi teu bisa dibohongan mun lalaki ningali istri, mimiti anu ditingali dina fisikna, geulisana. Tapi saur abdi geulis ieu teh henteu ngan saukur hiji2na anu ditingali ku lalaki, da geuningan lalaki ge boga pamikiran aya anu langkung deui ditingali salian dina geulisna wungkul. Jeung memang geulis atawa kasep mah da relatif. Tapi kadang aya panilaian anu umum anu bisa nyebutkeun yen eta teh kasep atawa geulis. Contohna umumna jelema nyubutkeun yen Ari Wibowo atawa Dian Sastro kasep jeung geulis.
Mung ari ceuk pamadegan abdi nyarira mah, teu kasep teu geulis nu penting mah karakter atawa kapribadian jalmina. Kadang aya henteu ceuk abdi sorangan ceuk batur oge lalaki eta teh da teu kasep. Tapi ku sabab aya kaleuwihan anu leuwih alus manan kasep, ahirna ningali anu goreng ge asa kasep we.
Tah acara saperti The Swan eta...memang bener alabatan jelema2 anu hayang dioperasi kitu teh henteu boga kapedean, henteu percaya kana diri sorangan jeung teu percaya ka anu Nyiptakeunana. Sabenerna geulis mah bisa ku urang di ciptakeun sorangan.
 
 
Neng Iva 

kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Nya muhun atuh, Teh Iva, yen nu ditempo mimiti mah pisikna, da istri teh kedah puguh bungkeuleukanana, piraku nempo kalangkangna. Iwal mun mimiti "panggih"na henteu jonghok, kahalangan ku benteng misalna, atawa tina telepon salah sambung, atawa kumaha. Kanyataan kitu, teu kudu ngajadikeun sadaya istri kedah geulis, da geulis mah--cenah--relatif. Sakumaha pameget teu kedah sadayana kasep, ongkoh deuih kasep teh relatif oge.

jk

On 6/20/05, iva wanti <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Punten yeuh abdi ngiring gabung kana bahasan ieu. Cik abdi bade naroskeun hususna ka para pameget. Hal anu mimiti ditingali dina istri teh naon?
Sababna ceuk cenah dina penelitian sakumaha oge umumna pameget mah hal anu "mimiti" ditingali dina istri nyaeta fisikna. Janten moal aneh mun ayeuna aya istri hoyong gaduh fisik anu leuwih alus ku jalan operasi tea.


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Sports
Rekindle the Rivalries. Sign up for Fantasy Football

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke