Kang Runa, duka naon atuh ari pancegna visi jeung misi Kusnet teh, da ieu mah ngan sakadar milis tempat keur urang Sunda anu wanoh kana internet/email keur tempatna nulis ku basa Sunda da lamun ujug ujug nulis ku basa Sunda di tempat sejen mah kuriak di "hoperdom" keh ku anu ngageugeuhna, nya didieu tempatna nulis ku basa Sunda perkara anu ditulisna mah naon bae tapi tetep kudu nyepeng netiket ( ari ditanya model kieu teh asa di hongkeun, samodel lamun urang rek jajaluk ngajukeun proposal menta biaya ka instansi pamarentah/birokrasi, kudu we ditanya visi, misi, program jste...), nu puguh mah sasieureun sabeunyeureun mugi aya mangfaatna keur urang Sunda dina ngamumule basa budaya Sunda. Mindeng kapireng anggota Kusnet teh lir anu kokoro manggih mulud dina nulis ku basa Sunda, lantaran anu geus mangtaun taun tara nulis tara maca basa Sunda ari didieu bisa nulis ku basa Sunda, kalan kalan siga anu bedah sagala ditepikeun sok sanajan tulisan basa Sundana ngan sauted, parandene kitu keun bae da tiawalna geus diniatan ieu Kusnet teh ayana pikeun ngamuarakeun sagala tulisan ti anggotana asal dina basa Sunda.
Programna nu geus jinek ...? anggota Kusnet teh loba kahayangna, ieu kahayang teh maol ngajanggelek jadi kanyataan lamun ngan sakadar tulisan wungkul nya dina taun 2002 kukasapukan anggota Kusnet harita pikeun ngawadahan eta kahayang jeung wadah legalna di darat nya nyieun hiji yayasan anu disebut Yayasan Perceka (Akte Notaris No.46 Tgl 25 Pebruari 2002 ti Notaris Dr Wiratni Ahmadi di Bandung, tug nepi ka ayeuna diluluguan ku MJ), loba udaganana mah tapi intina hayang ngamumule Sunda, anu geus digarap nyaeta nyieun pabukon (perpustakaan) di pilemburan nu geus dibuka aya kana 15na mah di Cianjur, di Garut, di Sukabumi di Cirebon jste nu anyar dibuka (bulan Mei 2005) di Desa Sukamahi Sukapancar Ciawi Tasik, waragadna meunang sumbangan sukarela ti anggota Kusnet diwadahan diatur ku YP, eta pabukon teh lain malulu buku buku basa Sunda tapi buku sejena (basa Indonesia, Inggris ge kaci)  ngan sabisa bisa aya buku basa Sunda-na. Pangna diheulakeun pabukon lantaran dipasisian mah neangna buku bacaan teh kawilang hese beda deui jeung dikota (kitu nu boga duit), jeung apan buku teh ceuk babasan mah pantona elmu, disagigireun eta nya mere bea siswa ka barudak SD sarua anu dipilemburan deuih.
Atuh kagiatan sejena ku kasadaran sewang sewangan anu diluluguan ku Kang MH ngadigitalkeun Tarjamah Al-Quran kana basa Sunda, digitalisasi buku Pusaka Sunda, digitalisasi buku Rusdi Jeung Misnem, Kang Sonirosa ngeureuyeuh ngadamel games ku basa Sunda, Kang Dian ngadamel komputerisasi aksara Sunda.
Kitu deui upami Kang Runa ngawasa kaparigelan naon bae mangga prak didamel kanggo ngamumule Sunda, upamina ngawasa IT mangga ngadamel istilah istilah IT ku basa Sunda teras dibukukeun tos janten kintunkeun ka penerbit tiasa bae ka Kiblat, Geger Sunten, Pustaka Jaya atanapi anu sanesna tangtos diterbitkeun (tah ieu nu dimaksad "turun gunung" ku Kang Tirta/ Jalak Pakuan teh), atanapi kintunkeun ka Pusat Studi Sunda anu ayeuna mayeng nerbitkeun seri buku Sundalana (nembe terbit dugi ka 4)
Kagiatan sejena kungsi nerbitkeun buku nyaeta SBJS jeung SSSS nu eusina tulisan tulisan tina ieu milis.
Anu teu acan kalaksanakeun nyaeta mere panghargaan ka penulis ngora (tingkat SD/SMP) anu nulis ku basa Sunda, padahal ngaranna geus sapuk nyaeta Sirung Katresna halanganana waragad anu can tangtu mayeng (bilih bade nyumbang kalawan mayeng mah mangga tah aya lolongkrang).
Hambatan/ kendala sanesna nyaeta bangsa Sunda seueur teuing Kongres jadi weh kongres (ngawangkong teu beres beres), seueur teuing sawala, diskusi, ari prakna kirang, NATO tea geuning lah, tapi ketah teu sadayana kitu da janten anggota milis Kusnet mah kumargi aya "getih goib" tea (istilah ti Kang Ganjar Kurnia), kasadaran sewang sewangan, ceuk togmolna mah teu aya nu mayar...!!
 
Cag ah....muga muga we tiasa ngajawab kana patarosan Kang Runa, upami masih panasaran keneh mah mangga we nelepon ka sim kuring 022-7511914 atanapi 0817228521.
 
MSasmita
kuncen # 2, aya keneh jabatan anu rada gaya nyaeta Ketua Pembina YP bari jeung ditulis tonggong, bari jeung geus lila teu nyumbang ka YP 
 
  ----- Original Message -----
Sent: Monday, June 20, 2005 4:48 PM
Subject: [Urang Sunda] "Tumaros Perkawis Lingkup Kegiatan Kusnet"

Assalamualaikum Wr. Wb.
Wilujeng sonten ka sadayana palawargi urang sunda anu dimana wae ayana.
Punten ah ka akang2/teteh2 sadayana, bade ngiring tumaros perkawis Kusnet ieu. Maklum abdi sanaos tos gabung mung nembe sababaraha sasih.
Aya anu bade ditaroskeun ku abdi teh nyaeta :
1. Naon ari visi sareng misi + tujuan kusnet teh ?
2. Naon wae program2na ?
3. Ruang Lingkup kegiatanana?
4. Naon wae program anu tos kalaksanakeun?
5. Kinten2na naon wae kendala+hambatan dina nglaksanakeun program kusnet?
Panginten sakitu heula pertarosan ti abdi, sateuacana hatur nuhun pisan kana waleran palawargi sadayana.
 
Wassalam,
 
Baktos,
Runa Inawan
Bogor - Indonesia
Mobile : +62-818-109410
YM id : runa_inawan


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke