Sok geura mun gugah enjing2 tarik irung 50 kali mah, moal teu jadi boleger beureum geura hasilna.....:)  (Neng Iva)
 
Janten ayeuna pangambung Neng Iva kumaha? Beureum tur mancung, nya?
Wassalam
Abah


iva wanti <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kang....eh Teh Gilang punten da abdi ge sami manawi teh pameget ari sihoreng istri. Panginten nami gilang teh nami putrana nya.....:)
 
Leres nya teh henteu geulis atanapi kasep ari tos kolot mah da geulis sareng kasep ge moal katingal deui. Tangtos wae eta teh sigana salah sawiosna ngudag supados langkung geulis. Di sangka teh acara model kitu teh moal aya pamegetna. Geuningan anu tos dicarioskeun ku kang yudi, pameget ge aya nya. Ari istri mah memang dasarna kana dangdos mah pan pastina resep, mung panginten eta teh kumaha kuantitas aya anu biasa aya anu kaleuleuwihi. Tapi ari pameget, na sami kitu nya penampilan oge langkung diperhatoskeun. Memang geuningan sapertos salon2, anu kapungkur mah pelangganna teh istri wungkul, pan ayeuna mah geuningan pameget ge tos seueur anu ka saralon. Eta teh henteu tebih siga istri, henteu mung sauukur perawatan rambut, tapi perawatan wajah sareng anu sanesna cenah. Tapi memang sigana ieu teh masih dilakukeun ku jalma2 anu menengah kaluhur. Tah mun ningal siga kitu, enya we sigana pameget oge aya anu hoyong dioperasi mah.
Kunaon seueur istri anu hoyong langkung geulis atawa pameget anu hoyong langkung kasep ku jalan operasi. Di tingal dina kanyataanana we dina kahirupan, upami istri geulis kasempatan kana sagala rupi langkung ageung/lebar dibandingkeun sareng anu teu geulis. Boh dina dunia kerja, dina pamilihan pasangan, da istri anu geulis langkung kapilih ku pameget atawa dina dunia hiburan ageung pisan sigana pangaruhna. Sigana salah sahiji paktor eta kunaon hoyong dioperasi salain panginten kanggo pamuas kabutuhan sorangan.
Sapertos film Betty la Fea, pasti baraya aya anu pada uninga. Ieu film teh ti nagara Kolumbia. Ceuk cenah film ieu diayakeun salah sawiosna saleresna masihan pesan moral kanggo masarakat kolumbiana keneh supaya bisa ngarobah panilaian kana jalma anu geulis sareng anu henteu geulis. Da cenah di masarakat kolumbia istri anu geulis langkung tiasa ditarima manan anu henteu geulis. Eta teh tara ningal kamampuan sejenna. Padahal istri anu henteu geulis teh malahan boga kaleuwihan anu bisa diperhitungkeun nyaeta langkung pinter jeung langkung bageur, sapertos anu dicarioskeun dina karakter betty-na.
Atawa aya deui di nagara sejen nyaeta di Cina kitu mun teu lepat mah. Seueur istri cina anu hoyong gaduh soca siga istri barat anu dekok jeung buleut cenah, da maranehna mah socana pan saripit, malahan aya anu langkung sipit pisan. Matakna seueur istri cina anu dioperasi socana supaya siga istri urang barat. Na pangaruh barat teh meni gede pisan nya.
Ceuk cenah nagara anu masarakatna anu paling seueur ngalakukeun operasi nyaeta nagara Brazil. Pantesan atuh nya ari ningal istri2 urang brazil meni gareulis. Tapi pernah aya kasus dina pamilihan Miss World kitu duka Miss Universe, paserta ti brazil mah dikaluarkeun/di diskualifikasi da kapendak maen operasi. Asana teh operasi kulit kitu, hilap deui. Mung sigana operasina kasebat henteu kaci atawa seueur teuing panginten anu dioperasina, da ari perkawis maen operasi mah cenah teu nanaon dina ajang anu kitu teh.
Tah penomena anu kararitu di urang ge da tos aya. Henteu artis wae anu bisa ngalakukeun operasi teh, masarakat biasa oge bisa. Ari masarakat cina mah dina soca anu leuwih diperhatikeun, ari masarakat indonesia mah "irung" pangambung tea. Asana teh Pak Haji saha nya anu tenar ngarobah irung jadi mancung, ah hilap deui. Tah Pak Haji eta tos terkenal ku artis sareng ku masarakat di urang. Cukup ku ngaluarkeun artos 150.000 irung bisa mancung, ku jalan diselekon...eh disilikon atawa disuntik cenah. Mung sigana ari disilikon mah leuwih mahal nya. Matakna di urang seueur anu irungna dimancungan. Padahal mun disidik2 sok geura tingal asa aneh bentukna teh beut siga manuk, ngabelenu buleud. Kitu we siga irung Pak Hajina.
Abdi gaduh tips kanggo ngamancungkeun irung ku jalan alami, ceuk kolot baheula ieu ge. Sok geura mun gugah enjing2 tarik irung 50 kali mah, moal teu jadi boleger beureum geura hasilna.....:)
Tos ah ngadongengna jadi manjang kieu. Hatur nuhun kana perhatosanana.
 
 
 
Salam,
Neng Iva


gilang_tresna <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
He..he..teu sawios-wios lepat nyebat ngawitan mah Kang Dudi:)
Tamaha panginten ieu teh, rumaos abdi mah jarang posting, janten
seueur nu teu apal yen abdi teh awewe:D
Nuhun kanggo informasi The Swan-na.
Muhun geuningan nya, asa ku mararodel acara TV teh. Ngudag naon atuh
nya eta istri nu ngiringanna... Palay langkung geulis kitu? Duh... pan
nu namina geulis fisik mah moal langgeng saumur-umur, bakal robah
sajalan sareng ngaguluyurna waktu. Meni asa gararampil kitu nya,
ngarobah dadamelan Allah SWT.

Salam,
Gilang
http://www.senandungbunda.4t.com


======================================================================

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Sports
Rekindle the Rivalries. Sign up for Fantasy Football

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke