Baraya Sadaya,
 
Hatur nuhun anu kapihatur tina du'a atanapi harepan gerentes hate nu ikhlas ti saderek sadaya nalika sim kuring neda pidu'ana waktos pun bojo ngantosan untun inji babar.
Dinten kamari Kemis,tabuh 12.55,Sim kuring kitu deui pun bojo dipercanten ku Gusti Alloh dipasihan titipan lahirna pun anak (pameget) beuratna 3.25 panjangna 4.7 di RS Qadr Islamic Village Tangerang.Mugi - mugi dikucurkeun berkah sareng rejekina.Amien....
Mangga ka baraya sunda anu linggih di daerah tangerang atanapi jakarta dihaturanan ka rorompok upami aya waktos di BLOK SINAI,Jl.Sinai I no 8,villa Ilhami,Karawaci Tangerang.
Sakali Deui hatur nuhun.
 
Baktos,
Idwan / pun Bojo 
 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke