Aduh hoyong pisan ngiringan teh, mung kumaha nya kaleresan dinten sabtu teh aya kaperyogian. Kumaha carana nya kang oman sangkan abi tiasa kenging info hasil seminar/sawala teh?
Hatur nuhun
Runa Inawan (Jajaka Tea)
On 6/24/05, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Baraya,Hampura ka sadayana, ti sarengsena kongres di dapur Cupumanik, si kuring karek ayeuna deui bisa posting ka milist urang. Sakalian bae ieu posting munggaran sanggeus sababaraha poe ngadepong teh bari nepikeun iber hiji sawala (seminar) anu lumayan ceuk rarasaan mah kacida pentingna.Enya, sakumaha geus kungsi dipostingkeun ancer-ancerna, sawala anu jejerna "Pembangunan Berbasis Budaya Sunda, Revitalisasi Nilai-nilai Budaya Sunda dalam Pembangunan Daerah" teh baris jadi oge dilaksanakeun (mun teu aya halangan pisan anu nepi ka ngabolaykeunana). Iber salengkepna di handap ieu sakaligus ngarupakeun uleman ka sing saha bae anu aya seja ngaluuhanana:UlemanSeminar /Sawala "Pembangunan Berbasis Budaya Sunda, Revitalisasi Nilai-nilai Budaya Sunda dalam Pembangunan Daerah"Waktu : Saptu, 25 Juni 2005, pk. 08.00 - 16.00Tempat : Hotel Grand Pasundan, BandungAnu biantara, diantarana: Kang Ajip Rosidi, Abah Surya (anu ngaguar), sareng anu sanesna ti rengrengan inohong ahli sajarah, antropologi, kabudayaan, perencanaan pembangunan, jrrd.Ieu sawala teh gratis, namung ka anu bade nyumbang kalintang ditampina kalawan baris dipaparinan buku ti Sekda Prov. Jabar. ngeunaan pembangunan daerah Jabar.Kanggo konfirmasi, mangga hubungan bae ka panitia, Kang Ira, ieu no hp-na: 081321780836.Cag sakitu bae heula.Baktos,manAR
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

