Rampes,
 
Haturan Teh Ika, wilujeng sumping di milist urangsunda/Kusnet.
 
Nepangkeun sim kuring Oman Abdurahman, biasa di milist ngagunakeun sandi nami : manAR.
 
Dupi ieu teh Teh Ika anu waktos pajemuhan (seminar) pembangunan berbasis budaya tepang sareng sim kuring oge Abah Surya? Leuh kalintang bingahna upami leres teh Teh Ika anu nyepeng kalungguhan kalintang strategisna di Bapeda Jabar: urusan kabudayaan. Hatur nuhun atuh kersa ngiringan di milist Urangsunda.
 
Baraya sadaya,
 
Bagja kumayangan urang sadaya, milist ieun anu biasa madungdengkeun perkara hirup-huripna kabudayaan Sunda ayeuna kasumpingan ku salah saurang anu nyepeng damel dina widang kabudayaan di Bapeda Jabar, nyatana Teh Ika tea. Mangga ayeuna mah naon rupa bangbaluh sareng usulan para wargi sadaya ngeunaan kahirupan budaya masyarakat Tatar Sunda anu dialungkeun ka milist Insya Alloh baris katampi oge janten bahan pangemut dulur-dulur urang anu nyepeng damel di Bapeda. Langsung dugi ka dapurna perencanaan pangwangunan di Jawa Barat, Insyab Alloh.
 
Baktos,
manAR

 
On 6/28/05, ika mardiah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Sampurasun.......
Nepangkeun abdi ika, damel di bapeda jawa barat, jalan juanda nomor 287 bandung. kaleresan nyekel widang agama, pendidikan sareng kebudayaan.
Insya Allah bade ngiring rupa-rupa kagiatan kasundaan. Dinten Rebo sareng kemis bade ngiring Kongres Basa Sunda di Subang. Mugi-mugi tiasa pendak sareng baraya urang Sunda nu mikareueus budaya Sunda.
 
Salam,
ika


Yahoo! Sports
Rekindle the Rivalries. Sign up for Fantasy Football

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke