Hatur nuhun kang Sasmita tos masihan info anu sakitu lengkeup tur daria na, ari manawi teh KBS ( Kumpulan Buku Sunda) si horeng kongres leres sanes ngawangkong teu beres2...he he
Kongres Ka IX, dimana..? urang ayakeun ku kusnet wae atuh.....eta usul si teteh.....sugan..!
 
IP

MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
1. Hatur nuhun ka Kang Ganjar Kurnia anu parantos "maksa" ka panata calagara KBS VIII supados Kusnet tiasa "manggung" dina ieu KBS.
2. Hatur nuhun ka Kang Dadan Sutisna (Cupumanik) anu kababawa riweuh, mantuan ngahijikeun tulisan sim kuring sareng Mang Jamal janten makalah tug dugi ka kancad kincid kaditu kadieu ngadugikeun naskahna.
3. Hatur nuhun ka Kang Mamat Rachmat Jajakakapaksa nu tos masihan mobil tur parabot sanesna (laptop, alsor/alat sorot merk infocus, layar)
4. Hatur nuhun ka baraya Kusnet sadayana anu parantos ngarojong tur masihan asupan supados didugikeun dina KBS VIII.
 
Baraya sadayana, Alhamdulillah pancen kedah janten panyatur ti Kusnet dina KBS teh parantos dilaksanakeun, hasilna kalintang nyugemakeunana.
Janten panyatur teh sim kuring direndengkeun sareng Kang Ustiarsa (Bandung TV), nu janten panumbu catur (moderator) nyaeta Kang Darpan AW, waktosna ti tabuh satu siang dugi ka tabuh dua, janten mung sajam kedah dianggo kuduaan.
Memeh der teh Kang Sonirosa sabage tim sukses Kusnet pakepuk masang-masangkeun parabot, diperenahkeun. Rohanganana mah sae pisan, aya layar ageungna, atuh pamilon ge raos calik, ngan aya anu matak rada hanjakal teh nyaeta AC-na teu nyekapan jadi rohangan teh karaos nyongkab , baringsang, hareudang, malum Subang mah hawana rada panas.
Pamilon dina ieu rohangan aya kana 35 jalmi mah diantawisna nu hadir aya Pa Wahyu Wibisana, aya Pa Abdullah Mustopa, Kang Cecep Burdansya, Kang Hadi AKS, Kang Hawe (ngaguar makalah dina waktos anu sami aya 4 tempat nyaeta di rohang A,B,C sareng D, sim kuring kabagean di rohang D).
Panyatur anu ngawitan nyaeta Kang Ustiarsa, ngadugikeun Ngagunakeun basa Sunda dina Radio jeung TV, didieu nu disorot langkung nyoko kana basa jurnalistik, mung tetep aya hahalangna seueur wartawan anu nulisna teh kamalayon (si wartawan gaya nulisna make gaya pikiran basa indonesia kakara disundakeun), aya deui nyaeta kaleungitan rasa basa Sunda.
Saparantos Kang Ustiarsa rengse teras ditumbu ku sim kuring, sim kuring ngadadarkeun naon ari Kusnet, jumlah anggota, produk serelek unggal dinten, basa anu dipake basa Sunda, profil anggota/pagawean anggota, tempat anggota, susuluk anu mindeng dipake, masalah anu dipadungdengkeun, YP, garapan Kusnet jeung YP nu keur dipigawe.
Garapan anu keur dipigawe anu ditepikeun teh diantarana :
Kongres (waktu kuring nyebut ngawangkong teu beres beres loba anu seuri)
Pabukon,Web Kusnet, Gerakan Reueus Sunda, Bea Siswa, nyumbang kanu kamusibatan, geus nerbitkeun buku.
Sedengkeun anu digarap sewang-sewangan diantarana.
Digitalisasi TQBS, Rusdi Jeung Misnem, Pusaka Sunda, jrrd anu diluluguan ku Kang MH
Komputerisasi aksara Sunda anu dipidamel ku Kang Dian Tresna Nugraha..."dua peuting teu sare...tah hasilna ieu.." (saperti tulisan Kang Dina dina serelek-na).
Game basa Sunda (dipraktekeun ku kang Soni)
Wikipedia basa Sunda anu janten kontributorna Kang Kandar Kumincir.
Istilah anu sering dianggo dikusnet ge didugikeun, upamina file nangkod (attchment), serelek, ngunjal (download). ngambah (surfing), runtuyan serelek (mailing list) jste.
Sim kuring ngadugikeun yen anu parantos dipigawe teh sadayana ge lillahitaala, teu aya nu ngahiras, teu aya nu menta, komo anu mayar mah teu aya, dipigawe kalawan ihlas,....tapi.....geuning hasilna "munel".
Malih waktos sim kuring nagdugikeun usulan ti Kang MH anu kedah aya TKBS (Tes Kamapuan Basa Sunda) sareng TPUTS (Tes Pangaweruh Umum Tatar Sunda) anu dipakaitkeun kanggo ngetes kamampuh pejabat publik di Tatar Sunda sadayana pamilon keprok.
Sesi patarosan aya nu naros sababaraha jalmi, diantarana kumaha carana supaya internet jadi murah, kuring dina ngajawab ieu patakonan teh nya sabulang bentor we bari jeung panuhun hapunten da sanes waktosna ngabahas ieu, aya deui anu naroskeun naon bae situs basa Sunda, aya nu naros jam sabaraha milis Kusnet kanggo barudak SMP,...tah patarosan ieu mah hese ngajawabna nya dijawab we mangga bade didugikeun dina milis atuh saena mah guruna we heula ngiringan janten anggota milis engke tiasa ningal lolongkrangna.
Hanjakal kasengker ku waktos, seueur keneh anu bade naros, mung kumaha moderator tos ngiberan seep waktosna.
Sok sanajan tos seep waktosna kuring rada maksa nga-demo-keun aksara Sunda teras ditumbu ku demo gsme basa Sunda, alhamdulillah demo lancar.
Satutas demo aksara Sunda aya nu nyuhunkeun file font ngalagena (hadena we dilayanan ku Kang Oman anu nyandak laptop).
Kuring ge ngabewarakeun yen Kusnet rek gawe bareng jeung Cupumanik pikeun nyieun CD nu eusina aksarara Ngalagena, Game basa Sunda jeung nu sejena, eta CD jadi suplemen Majalah Cupumanik, isnya alloh dina terbitan bulan Agustus 2005.
Dina panungtung acara kuring ngadugikeun rekomendasi nyaeta :
1. Media Internet kedah dijantenkeun salah sahiji media kanggo ngamekarkeun basa, sastra Sunda (ulah dugi ka teu direret ku LBSS)
2. LBSS kedah gaduh website dina internet anu tiasa dijantenkeun lulugu dina kamekaran basa Sunda
3. Istilah istilah IT anu mekar dina mangsa kiwari kedah enggal diwadahan dina basa Sunda
 
Mimitina, memeh der, asa rada hemar hemir da anu sareng jadi Panyatur Kang Ustiarsa ti Banung TV sareng asana anjeuna teh Ketua PWI Jabar, ngan saatos ningal anjeuna presentasi mung ukur macakeun makalahna, sim kuring asa meunang set da make laptop, make alat sorot, jadi tangtu bakal leuwih hirup da bisa kabandungan ku balarea.
Alhamdulillah ari geus der mah pangger we malah hayang terus norostos da asa loba keneh anu kudu ditepikeun.
Sarengsena acara, Pa Wahyu Wibisana nyampeurkeun ka kuring bari ngajak sasalaman saurna .." sae..sae ...!!" bari unggeuk unggeukan, kuring nganuhunkeun bari sasadu sakitu kamampuh diri.
Sanggeus diluar rohangan aya nu ngomong, majarkeun presentasi Kusnet mah panggayana da make laptop jeung alsor (alat sorot), saur Kang Hawe.."kuduna mah presentasi Kusnet teh dina Pleno...kapan koputerisasi aksara Sunda ge ku anggota Kusnet ngan dua peuting.....!
 
Kuring mulang poe Rebo pasosore bareng jeung MJ, Kang Soni, Kang Hawe sareng Abah Duduh Durahman, ngiluan kongres teh teu bisa nepi ka poe Kemis da inget bae ka budak bisi poe Kemisna dibagi rapot.
 
Eh..aya nu kudu ditepikeun ka balarea teh nyaeta sanggeus beres ngalaksanakeun pancen jadi panyatur ku panumbu catur (moderator) dibere amplop jeung kudu nandatangan kwitansi...ceuk hate naon ieu teh.....sanggeus di luar kuring bebeja ka MJ yen kuring meunang amplop, diilikan teh leuh enya we ...honor meureun (moal disebutkeun gedena mah bisi aya cakcak bodas)
Ceuk kuring ka MJ...urang pake dahar babarengan we yuu...lantaran Subang Bandung mah teu lila teuing, atuh dahar di jalan teh teu tulus, nu tulus ngan meuli ganas si madu, dibeungkeutan keur genepaneun, keur ngagantian meuli bengsin jeung keur supir, sesana ku kuring jeung MJ rek dibeulikeun CD kosong keur gawe bareng jeung Cupumanik tea.
 
Cag ah...cacap ayeuna mah kahayang ngilu manggung dina KBS teh...!!
 
MSasmita
(tadina mah kuring moal nyieun laporan bisi teu obyektip)
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id


Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke