---------- Forwarded message ----------
From: oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]>
Date: Jun 30, 2005 12:33 PM
Subject: Re: [kisunda] Imam Mahdi --> Re: Tilem/Ngahyang di alam kami
To: kisunda@yahoogroups.com

Baraya,
 
Mangga geura ieu informasi ti Kang Hasan kacida matak pikauruyeunana pikeun babandingan perkara anu aya dina jejer tilem. Anu ngarongheap sapajodogan saba'da meunang infomasi e-book ieu, taya lian ti ngeunaan urusan informasi. Tetela, ku ayana internet, informasi teh geus moal bisa dipumpang deui, ngeunaan naon bae tangtu asup kana pabetekan urang salila urang mukakeun pantona.
 
Baheula mah, Kang Hasan, keur jaman si kuring nyuprih elmu di sakola formal, neangan informasi saperti ngeunaan Imam Mahdi jeung perkara "ngahiyang"-na estuning hese beleke, teu sirikna kudu susulumputan. Enya, kuliah kuliah atawa pangajian anu nepikeun informasi sarupa Imam Mahdi mah cikeneh, tahun 1980-an, kacida susahna. Iwal ti susah oge rada susumputan ma'lum pangajian jeung anu nepikeun ieu jejer harita dihulag, malah teu saeutik anu dituduh ingkar sunnah. Tapi, ku IT mah ieu panghulag teh leyur alias nyisi.
 
Para wargi, bil khusus ka Kang Eddy Nugraha sareng anu sanesna anu aya cupat kahayang nengetan jejer saperti ngahiyang atawa ghaibna Imam Mahdi, mangga sigana ayeuna urang geus waktuna madungdengkeun jejer ieu. Naon kitu perluna? Keur bahan informasi bae, kapercaan ka jejer sarupa "Tilem" atawa "Imam Mahdi" ceuk penitenan sim kuring, eta hiji kapercayaan anu sifatna universal (kukituna, wilujeng, ajen inajen kasundaan dina perkara ieu kalebet anu universal upama tea mah urang percaya kana konsep tilem).
 
Pikeun saterusna, mangga kang Eddy, dugikeun heula hanca guaran perkara tilem ti salira sapuratina, samemeh nu sanesna, khusuna si kuring Insya Alloh, ilubiung dina ieu jejer. Pikeun hal ieu, jejer ieu atawa hanca guguaran ngeunaan tilem mangga urang wangsul deui kana jejer ti Kang Eddy ("Tilem/Ngahiyang di alam kami").
 
Kanggo Kang Hasan, cikan alungkeun ka abdi (bakian eusina) eta e-book teh Kang sabeungkeutan mah anu lengkep. Hatur nuhun, diantos (punten heunteu meredihna heunteu ngajapri).
 
Baktos,
manAR 

 
On 6/29/05, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Pikeun babandingan perkara tilem, kuring aya
ngompilasi e-book perkara Imam Mahdi karangan sarjana
Iran, eusina 14 bab. Upama aya nu minat, bisa japri ka
si kuring.

salam,
mh

--- Jalak Pakuan < [EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Nuhun kana kintunanana Kang, duh eta keur asik
> maca......ari pas handap surelek, geuning ...."to be
> continued". Sing diparengkeun atuh Kang supados
> enggal katampi sambunganana (nodong -:) )
>
> salam
> JP
>
> Eddy Nugraha < [EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Assalamualaikum wr wb..
>
> Cariosan ngeunaan tilem/ngahyang tos sering
> dipadungdengkeun ku para wargi (sanaos sim abdi teu
> acan ngiringan aub..mung ngaos wungkul)..utamina di
> kisunda. Sim abdi ngintun deui serelek ngeunaan
> tilem/ngahyang..bane we kalepasan dodongeng di
> kopdar
> cupumanik…ku kituna punten ka nu sanesna…bilih
> dongeng
> lembur ieu ngabosenkeun/ngabarubahkeun pamendak
> kawargian….
>
> Tawis baktos ka kang hendi (?) sareng ua Haji..nu
> ngemutkeun kana 'dodongeng' sim abdi di millis…oge
> ka
> sadaya kawargian..teu hilap ka pupuhu kusnet M(ang)J
> miwah Ua Sas….haturan.
>
> ----------------------------------------
> Panganteur
>
> Ngahyang atawa tilem lolobana dinisbahkeun ka cara
> ninggalkeun alam dunyana Siliwangi jalma baheula di
> jaman Pajajaran (lain jalma ayeuna).  Harti jeung
> maksud jalma sunda ayeuna ngeunaan kecap/konsep
> ngahyang atawa tilem rupa-rupa, misalna, Dina
> ensikolpedi sunda (2000) entri ngeunaan tilem
> euweuh.
> Aya oge ngahyang – dina entri kecap hyang- nu
> dihartikeun leungit jeung jasadna ngajadi hyang. Ari
> Hyang di sunda mah luhureun dewa-dewa - 'Allah'  di
> sunda mah disebut  diantarana Sang Hyang keresa ( nu
> maha pencipta) jeung Hyang Seda niskala ( Maha
> Gaib).
> Dina kamus LBSS (1992) kecap ngahyang euweuh aya oge
> tilem nu dihartikeun ngaleungit jadi siluman---beu!.
> Aya oge nu dinisbahkeun tilem/ngahyangna Siliwangi
> teh
> teu dipercaya lain leungit jeung jasad tapi paeh
> biasa
> mun teu salah mah ieu teh salah sahiji pamendak ti,
> diantawisna, Pa Yosep Iskandar. Aya oge nu saukur
> ngagolongkeun ngahyang teh mitos (tahayul) jadi lain
> mang rupa hiji hal nu jadi kareueus da bohong.
> Kaasup
> nu nyebutkeun sarua/beda antara tilem jeung ngahyang
> ditambah bumbu ayana maung kajajaden.
>
> Ari ieu tulisan… hayang ngajelaskeun sabisana yen
> tilem/ngahyang  teh lain mitos/tahayul  tapi hiji
> ulikan nu masagi…lain ngaleungit jadi siluman tapi
> balik ka Allah swt nohonan innalillahi wa innailaihi
> rojiun…sanajan baheula mah carana lain nganggo
> sareat
> Muhammad…bari badan/jasad awak-awakana sampurna dina
> harti sirna mulang ka asalna …jeung bisa wae
> dilakukeun jalma ayeuna nu nuturkeun sareat Sang
> Rahmatan lil alamin (islam) lain baheula wae…. bisa
> henteuna nu nulis mere katerangan nu ENYA keur
> ngadukung argumenna dina ieu tulisan gumantung kana
> panilaian nu macana.
>
> ….. pangapunten bade dijujut ti 'konsepsi' jeung
> paradigmana heula….sateuacan kana hal
> tilem/ngahyang…
> eta ge upami pareng…nyanggakeun sun..
>
>
>
> I
> Innalillahi wa innailaihi rajiun….(kabiasaan)
>
> Kekecapan innalillahi wa innailaihi roji'un nu
> dihartikeun sacara awam mah asal ti Allah balik deui
> ka Allah… loba/ilahar diomongkeun lamun aya/meunang
> beja aya jelema maot [Sanajan dina qur'ana
> (Albaqarah)
> mah nyebut kecap diluhur teh ciri mu'min lamun
> meunang
> musibah]. Sigana pedah ditinggal maot teh kaasup
> musibah kanu ditinggalkeun… Atawa hiji etiket nu
> terkadang klise bijilna kecap kitu teh supaya
> kasebut
> alus wae ku nu ditinggal maot yen urang ngilu
> sedih/kaleungitan…bari saenyana mah bisa wae teu
> sedih
> teu sing..he..he. kukuring teu diasupkeun kana
> ngadu'akeun sabab jarang kaciri intonasi atawa
> posisina siga ngadu'a lolobana intonasi na teh siga
> 'statement'.
>
> …nu jelas mah
> nyawa na jadi arwah…sok dihadiahan illa arwahi..
> badanna jadi mayit…. Dimandian, dikafanan, disolatan
> terus Dikubur
>
> Naha enya nu maotna mah harita manjing innalillahi
> wa
> innailaihi rojiun?….wallahu alam… sabab lamun
> nurutkeun katerangan tina qur'an. ..aya nu bakal
> keuna
> siksa sapanjang langit jeung bumi … aya nu dikubur
> heula…ngalaman padang masyar…aya nu meunang
> rahmat/nikmat heula …aya nu lila rek tepina ….jeung
> aya oge aya nu langsung (diistilahkeun 'secepat
> kilat') meunang rido Allah bisa balik 'panggih'
> jeung
> Rabbna…
>
> Enya..enyana mah kabeh mahluk bakal balik deui ka
> Allah…ngan can tangtu harita (pas maot) …teuing
> iraha!!!!???? Boa sanggeus bumi langit rusak…beu
> lila
> lila teuing.
>
> Malah saenyana hayang bisa manjing innalillahi teh
> manusa kudu usaha satekah polah salila hirupna
> pikeun
> panggih jeung Rabbna ??!!
>
> Wa'bud rabbaka hatta ya'tiyakal yakin….atawa lamun
> lolong didunya lolong diaheratna….lamun teu apal
> didunyana ka Allah…diaheratna ge tangtu lolong teu
> apal…jrrd argumen nu  bosen lamun dituliskeun
> deui…..ah rek percaya we bakal balik ka
> Allah….he..he..heueuh gampang pisan teu kudu
> susah-susah …tapi pan sakabeh kayakinan teh kudu
> jeung
> elmuna bener henteuna kudu kasungsi sabab bakal
> dipenta pertanggungan jawabna.
>
>
> II
>
> Innalillahi wa innailaihi rajiun (ulikan)
>
> Asal ti Allah balik ka Allah disunda (tiasa diaos
> heula sunda nganggo tanda kutip) leuwih diteuleuman.
>
> Paling henteu di sunda loba kekecapan nu
> ngajelaskeun
> leuwih rinci ngeunaan maot.  Salah sahijina
> dijentrekeun ku kecap mulih ka jati mulang ka
> asal…dilembur mah ditambah ku sampurna…sampurna ning
> beak lebur papan karo tulis…kasalinan cahya …jeung
> saterusna….
>
> Naha ?
>
> Baheula insan (urang) teh Laa syaian madzkuuran =
> euweuh – lain nanaon nu bisa disebutkeun (Al
> insaan).
> Nya terus dijieun jadi insan jelema make bahan
> nutfah
> bari dibere ruh pangdenge pangdeuleu pangangseu
> pangucap jeung hate. Ahirna dina basa sapopoe di
> sunda
> mah eta kabeh….digolongkeun kana dua hal…kuring
> jeung
> kurung.. jirim jeung jisim..jasmani jeung rohani…
> aya
> jiwa jeung raga…aya nyawa aya badan …tah dina
> waktuna
> balik ka nu maha suci…innalillahi wa innailaihi
> rajiun
> teh..urang sunda nu ngulik..bisa
> nganyahokeun…wanoh…jeung mampuh…ngabedakeun mana nu
> kudu mulih ka jati mana nu kudu mulang ka asal.
>
> Lamun nyawa/jiwa/jisim/kuring/ruhani …sing mulih ka
> jati
> lamun badan/raga/jirim/kurung/jasmani…sing mulang ka
> asal
>
> kumaha cara jeung kanyataanana?
>
> ------
> III
>
> Mulih ka jati
> (bagian salajengna insya allah dikintunkeun upami
> pareng)
>
>
> Baktosna
> Eddy Nugraha
>
>
>
>
>
=== message truncated ===


=====
Situs: http://free.angeltowns.com/studio579/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]



____________________________________________________
Yahoo! Sports
Rekindle the Rivalries. Sign up for Fantasy Football
http://football.fantasysports.yahoo.com


PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya.

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
   http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
   [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
   http://docs.yahoo.com/info/terms/






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Reply via email to