hoyong ilu biung tina gawe ieu...
 
tapi abdi mah kaahlian nana asa teu ngajurus ka dinya....
 
kumaha atuh baraya.........
 
sok kinten2 tiasa katebak teu...abdi jadi naon (susuganan kitu oge)..
 
tapi rada teu PD ketang da abdi mah kaahliannana tebih pisan ti dinya keukeuh asa teu 'PD" hayang mantuan teh.
 
nuhun
 
 
 
imas
 
 
 
 
 
 


MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Salah sahiji hasil kongres Kusnet di Cupumanik poe minggu tanggal 19 Juni 2005 teh nyaeta rek ngayakeun gawe bareng antara Kusnet jeung Majalah Sunda Cupumnaik, nyaeta rek nyieun CD nu eusina diantarana Aksara Ngalagena, Games/kaulinan barudak basa Sunda, ngawanohkeun Digitalisasi TQBS, Pusaka Sunda, Rusdi jeung Misnem, Wikipedia, YP jste, atuh teu kaliwat ngawanohkeun web site-na Cupumnaik (hal ieu geus disebutkeun waktu KBS Subang).
Ancer ancer eta CD teh rek dijadikeun suplemen/ tambahan dina Cupumnaik anu terbit bulan Agustus 2005 ( ceuk Kang Hawe mah sakalian bari jeung milangkala Cupumanik anu ka 2), bari jeung harga Cupumnaik moal undak, Cupumnaik boga pancen pikeun ngadistribusikeunana.
Tangtu ieu pagawean teh kudu buru-buru lantaran waktuna ukur nepi ka tanggal 20 Juli ayeuna, da leuwih ti tanggal 20 Juli 2005 mah bisi ngaliwatan "dead line" terbitna Cupumnaik.
Pikeun mitembeyan prakna ieu gawe utamana-na nyieun master CD-na tangtuna kudu aya tim kreatif-na, nyieun "auto run" bari jeung kudu kumaha program tampilan anu kewes pantes pikeun eta CD.
Kukituna sim kuring nyuhunkeun dukunganana utamana ka baraya Kusnet pikeun:
1. Ngararancang tampilan programna.
2. Mantuan ngaduplikasina anu seueurna diancer-ancer 600 CD, (pangna mung 600 CD teh disamikeun sareng jumlah pelanggan maneuh Cupumanik tina tiras Cupumnaik anu 2000an, ditambih ku pertimbangan waktu sareng biaya, sok sanaos biaya tina kencleng Perceka).
Ka baraya Kusnet anu di Bandung anu gaduh CD Writer ngacuuuuung....!!!....eh anu di Jakarta oge deuih...apan Jakarta-Bandung ayeuna mah mung sajam satengah...!!?
Aya asupan anu sanesna...?
 
MSasmita
kuncen # 2.
 
 
 
 
 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Sports
Rekindle the Rivalries. Sign up for Fantasy Football

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Reply via email to