Ngiringan ilubiung ah, nepangkeun abdi pun roisz, kawit ti bandung, Kuliah di Sumedang -jatinangor-,
ngumbara di batawi,...

mangga dilajeungkeun.

dilla sopiani < [EMAIL PROTECTED]> wrote:

Assalamu'alaikum wr.wb.
Wilujeng tepang para kanca, simkuring nepangkeun, Sopian, urang Bogor, ngan ayeuna mah nuju di Korea Selatan, minangka ngalaksanakeun Paribasa urang "Ulah Kurung Batokeun". Nanging Insya Allah sakedap deui ge bade uih.
Aya pangalaman teh seeur saenyanamah, ngan waktosna samporet kanggo nyeratna bari rada hoream deuih...
Hiji mangsa simkuring ulin jeung babaturan ka Itaewon, di Seoul, didinya teh aya Masjid rada Ageung, Hiji-hijina Masjid di Seoul. Nu jadi waas teh, eta masjid ditingker ku tempat-tempat hiburan jeung rumah bordil, da puguh ayana teh di wewengkon nu katelah "Kota Turis" di Seoul. Sagala jenis bangsa di dunia, mimiti negro nepi ka bule, kumpulna teh di wewengkon eta. Basa rek ka masjid, sapanjang jalan teh aya wae nu make pakean rada mini ngajak seuri na panto, hartinamah nawarkeum maneh meureun. Kitu deui basa pulang ti masjid, sami kitu keneh. Nya ceuk kuring teh ka babaturan, "ngeunah nya eui urang dieu, tas mojok di rumah bordil, bisa buru-buru tobat ka masjid.... tinggal malaikat olohok, kumaha nyatetna yeuhh..!!
 
Wassalamualaium wr. wb.





--Roisz Tea
Mugia Urang Balarea Aya Dina
Ginulur Karahayuan Ginanjar Kawilujeungan
Nu Dirahmatan Ku Gusti Nu Maha Suci

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke