Enya, dikitukeun ku PR teh asa jadi bareuheudeun.
Poe tadi pabeubeurang ulin ka Cupumanik, ngadon ngawangkong jeung baraya
baraya di Cupumanik, nya kuring ge nepikeun kereteg hate pedah PR nulis
kitu.
Di jawab ku nu ti Cupumanik,...."Keun bae,.....da geus biasa di dunya pers
mah siga kitu.....!!", tapi kuring ge ngajawab hiji waktu mah Kusnet rek
ngadon ulin ka LBSS, rek silaturahmi.

Aeh enya ngawangkong di Cupumanik ngobrolkeun gawe bareng tea, Kang Hawe
ngajak barempug heula, ancer ancer poe Kemis, da isuk Salasa Kang Hawe rek
ka Pabelan sigana nepi ka Rebo (kuring ge Rebo mah rek ka lembur ka Ciawi
Tasik).
Dipiharep pisan poe Kemis tgl 7 Juli, Kang Soni, MJ jeung Kang Oman atawa
saha bae anggota Kusnet nu rek hadir, mangga diantos pisan di Jl Karawitan
46 Bandung.
Ari rarancang form-na mah Kang Soni keur migawe, sugan we anggeus dina
waktuna, atuh samemeh aya CD Duplicator (anu disarankeun ku Kang MH) urang
garap we heula ku CDWriter nu aya.

Aya beja cenah Kang Rahim/PR poe tadi digero ku Dewan Redaksi PR, ceuk
selenting bawaning angin mah pedah dina Khazanah Saptu kamari tea aya basa
Sunda-na, da ceuk beja enya PR teh pageuh ngakar kana budaya Sunda lain
hartina kudu ku basa Sunda, da basa Sunda mah geus aya anakna PR nyaeta
Galura.



MSasmita.


----- Original Message -----
From: "mj" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <urangsunda@yahoogroups.com>
Cc: <kisunda@yahoogroups.com>
Sent: Monday, July 04, 2005 11:56 AM
Subject: [Urang Sunda] Evaluasi Kagiatan KUSnet di KBS cap Danas


> Evaluasi Kagiatan KUSnet di KBS cap Danas
>
> Haturan dulur bin baraya nu mikacinta istri/caroge atawa kabogoh
> masing-masing, dimana bae ayana.
>
> Ceuk wartawan PR, Rahim -redaksi rubrik Khasanah PR nu ngaganti Soni Farid
> Maulana- kontingen KUSnet teh minangka bentang lapangan Kongres Basa Sunda
> VIII Subang. Malah oge disebut penyelamat muka KBS VIII. Pangna kitu,
> cenah pedah jejer nu dipidangkeun ku nu sejen -pastina diasongkeun ku
> panitia-estuning eta keneh eta keneh alias teu beda ti Kongres samemehna.
> Ironisna, Prof. Ayatrohaedi mah cenah, make makalah nu dipake pikeun KBS
> VII Garut , 2000. Paingan we atuh lanceukna, Ajip Rosidi embungeun di
> undang KBS teh.
>






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Reply via email to