Assalamu alaikum wa rohmatullohi wabarokatuh

Hapunten kahatur ka saderek sadayana, sim kuring seja icikibung dina 
ieu kempelan. Ku kituna, nepangkeun sim kuring wasta pun Iman 
Firmansyah Anggayudha, ari galibna baraya mah nyaur abdi cekap ku Iman 
wae... Ari sarjana na mah sumuhun, namung perkawis pacabakan mah 
kaleresan, nya kitu tea, teuacan aya anu tetep, alias naon wae nu 
baseuh ku sim kuring dicabak... kahartos panginten ku para saderek oge.
Rorompok sim kuring teuacan gaduh, masih keneh ngiring ngiuhan di 
saungna pun sepuh di Jl. Caringin No. 79/192C RT 07/13 Bandung 40222. 
Telepon 022-6078654. Saderek tiasa oge ngebel kana HP 085220534934.
Anapon yuswa, sim kuring teh gening tos 29 taun, kalebet kana jajaran 
nonoman anu sakedahna mah tos teu atah deui. Tapi da kumaha, dugi ka 
danget ayeuna oge raraosan teh asa budak wae... 
Ngenaan status, Alhamdu lillah sim kuring parantos nikah sataun anu 
kapengker, mung ari bati mah kaleresan teuacan dipasihan. Panginten 
kedah rada getol dina ngaikhtiaranana. 
Sapagodos sareng Kang Dadang Rukanta, asa mobok manggih gorowong barang 
terang aya situs urang-sunda anu saleresna mah diantos pisan ayana ku 
sim kuring. 
Sumuhun pisan saderek, urang teh ari ngangken mah urang Sunda, tapi ari 
babasaan pacampur kaditu kadieu, komo teh teuing kana seni, budaya tur 
sajarah tatar-indung, deuh.. pimanaeun kana tiasa ngajembarkeun, dalah 
nu uninga oge mung tiasa kaetang ku ramo. Tah ku ayana ieu situs, mugia 
wae sing janten hiji dayaning upaya kana miara tur nanjeurkeun basa, 
budaya tur duduluran urang. Da ieu mah teu kalebet kana primordialisme, 
mangga Saderek emutan pidawuh para inohong bangsa yen ari jembarna 
budaya daerah teh justeru tiasa ngajembarkeun budaya nasional, sanes 
kitu!?
Cekpa heula sakitu rupina ti sim kuring. Upami aya basa nu kirang 
merenah, rumaos sim kuring rada doraka ka karuhun nu kacida ngaraksa 
kana basa, atuh mangga ku para saderek pangdangdosankeun. Ku sim kuring 
diantos pisan koropakna.
Mangga ka sadayana.
Cag.

Wassalamu 'alaikum.
IMAN FIRMANSYAH







Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke