Kang Tirta dina arsip Kusnet atanapi kisunda, tiasa dipilarian tanggapan
kuring sareng Kang Oman kana artikel Pa Herman Y Ibrahim dina PR di taun
2001 (atanapi 2002?) perkawis sikep inferior urang Sunda/ Tidak ada
kepemingpinan Sunda. Tina artikel Pa Herman ieu, di Kusnet kapungkur
mucunghul istilah "neluh maneh" (lamun teu lepat mah istilah ieu teh
ngawitan disebat ku Abah Surya). Saleresna ti ngawitan maca artikel Pa
Herman perkawis "tidak ada kepemingpinan Sunda" ieu kuring jadi loba kerung
lamun maca artikel-artikel Pak Herman teh boh dina kasundaan atanapi dina
hal sanesna. Kerungna teh eta ku nada "provokasi"na (anjeunna oge ngangkeun
yen anjeunna teh "provokator", tingali geura dina artikelna nu pangakhirna
dina PR). Mungkin maksad Pa Herman sae, ngan nyaeta cara nepikeunana ku gaya
provokasi kitu, nya wajar we lamun tanggapanana ti batur oge ..........sami!

Baktos,
WALUYA
Nu kantos nyebatkeun Pak Herman percaya "dukun modern" made in Amerika

----- Original Message -----
From: Jalak Pakuan
To: urangsunda@yahoogroups.com
Sent: Monday, July 04, 2005 11:33 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] soal y herman ibrahim


Salah sahiji kliping taun 2000-2001 nu masih dikeukeup kuring teh artikel2
YHI. Legeg (style) YHI teh khas konfrontatif, tapi karasa maksudna mah hade,
contona bae dina  "Tidak ada Kepemimpinan Sunda" atawa pamadegna "Sikep
inferior Urang Sunda". Artikel2 eta teh dijamin matak asak beungeut
inohong/pangagung sunda, komo nu ipis ceuli mah. Tapi da alus oge tulisan
teh keur ngageuingkeun urang sunda supaya ulah jumud. Tapi anehna teh asa
jarang pisan nu jadi padungdengan/polemik, duka pada narima pamadegna atawa
pada haroream nyanghareupan YHI. Ngan ceuk kuring mah khusus ngeunaan Kusnet
anjeuna can pas nyieun peunteun sabab asana mah YHI teu ulubiung dina
padungdengan Kusnet, leres teu? Ka Kang Darmawan aya saena pang dugikeun
naon atuh nu dimaksad persisna "masturbasi" teh, asa can kapanggih yeuh sisi
alusna, kumaha urang rek nyieun "otokritik"?





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke