Mama ManAR, Upami teu lepat kantos aya nu nyebatkeun yen ayeuna undak usuk basa Sunda teh "digugat" kulantaran dianggap pangaruh ti Basa Jawa. Naha leres ieu teh?
Abdi mah asa henteu kaabotan ku undak-usuk dina Basa Sunda, kumargi dugi kaayeuna abdi mah ngartoskeun undak-usuk teh nyaeta ngabentenkeun kecap (kasar-sedeng-lemes) ku alatan perenah dina kulawarga sareng yuswa, sanes ku kelas masarakat (primordialis) tea. Naha leres pangartos abdi teh? Margi upami undak-usuk basa teh dikaitkeun sareng kelas (menak-basajan, dunungan-pagawe) duka tah kumaha nyikepanana. Baktos y --- In [email protected], oman abdurahman wrote: > Baraya saalam dunya, ..... Kumaha usulan/jalan ka luar ti abah Surya? anjeunna ngusulkeun sangkan dina mangsa ayeuna Urang Sunda sakurang-kurangna terang naon bae anu masih perlu pisan dilarapkeun dina UUBS. Teu pira ngan 30 kecap. Ieu anu 30 kecap anu masih diperlukeun keneh mangsa ayeuna teh taya lian ti pola kaopat dina anu kasebut di luhur. Kunaon anu 30 ieu masih diperlukeun? Sabab dina pola kaopat, anu ngan ukur 30 kecap jumlahna, estuning henteu aya anu sarua. Boh basa loma (A) henteu sarua jeung basa sedeng (B) atawa basa sedeng (B) henteu sarua jeung basa lemes. "Pirakadar 30 kecap (jadi 90 kabehna da kali 3 tea-manAR), diapalkeun sapoe hiji oge moal karasa, sabulan apal", kitu saur abah Surya anu dibasakeun deui ku si kuring. Anu 30 kecap pola IV teh mangga dihandap ieu (dina jero kurung tambahan ti si kuring): Basa Loma Basa Sedeng/ Basa Lemes keur sorangan > > Pamugi aya manfaatna. > Baktos, > manAR Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

