Leres Kang, manawi ieu conto bahasa = jandelana budaya teh.. Sakaterang abdi (nu teu seueur terang), keur urang Inggris lomana kurupuk=kiripik=crackers. Panginten ieu kumargi di ditu mah teu aya kurupuk tea sanes?
Sami we sareng: gigih=rice; sangu=rice; pare=rice; gabah=rice, da di ditu mah dahareun pokona sanes sangu tea. Duka tah upami aya ahli basa Inggris nu langkung uninga nuansa kecap siga kieu. hatur nuhun pangleresna baktos y --- In [email protected], "ndoell" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Kang Yud... > pami teu acan dahar, patuangan abdi ge sok kukurupukan... > heu heu heu > > punten kang, > kurupuk = crackers, kiripik ge disebatna crackers keneh sanes ? > tapi, diurang mah pan benten kurupuk sareng kiripik teh... > da tukang kurupuk ge alimeun geuning pami disebat tukang kiripik teh, > kurupuk mah bahanna tina adonan, ari kiripik mah biasana > tina bahan aslina nu dikeureutan aripis teras di goreng. > > teu benten sareng kurupuk, kiripik ge rea pisan, diantawisna : > kiripik cau, > kiripik boled, > kiripik gadung, > kiripik nangka, > kiripik taleus, > kiripik kentang, > jrrdldshhml..(jeung rea2 deui lamun disebutkeun hiji2 mah lieur) > > malah mun naek angkot, mun bade liren teh sok ngahauk : > Kiri...pik.... > (nami supirna si Opik) > > -dul- > nagog deui.. > > > --- In [email protected], "Yudi Irmawan" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Teh Puppy, Mang H, Roisz, sadayana... > > > > ti kapungkur oge asa sok sakedik2 maerhatoskeun masalah kukurupukan > > ieu. Janten aya ideu kumaha mun urang ngaroris macem2 kurupuk nu > aya > > di TS, lulumayanan keur bahan dokumentasi sajarah budaya urang mun > > seug kapayunna kurupuk kalindes ku zaman. > > > > Kaduana lumayan oge keur bahan wikipededia tea, tos lengkep mah > kantun > > disalin we ka Teh Wiki teh. Ku kituna aya saena ngarorisna teh ku > cara > > nambihan daftar di handap alias teu kedah ngadamel posting reply.. > > > > Punten bada dimimitian ku abdi, tapi saka we nya inget: > > > > KURUPUK (kerupuk (B. Indo); Crackers (Engl.): kurupuk teh salah > sahiji > > jenis dahareun nu kaasup kategori jajan pasar (snacks). Sanajan > kitu, > > disababarahe wewngkon, utamana Tatar Sunda, kurupuk biasana > dijadikeun > > batur dahar, boh dahar sangu atawa dahareun munel sejenna (hucap, > > baso, lotek jrrd). > > > > <<< DIKADEK ... >>> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

