Pami teu lepat namina "melak cau" kitu, atawa cacauan nya. Hilap deui abdi ge. Ngan mun teu lepat eta namina. Ku abdi ge masih kaalaman keneh kaulinan anu kitu teh. Aya deui Sasalimpetan, Rerebonan, pami istri mah Sondah, Beklen, Serok, Loncat Tinggi, Congkak, jeung seueur deui. Aya deui kaulinan anu elehna teh nangkuban teras ku sabaraha urang bari nyepeng batu diputer2 ka panangan masing2 bari aya laguan. Hilap deui naon namina teh. Ngan kaulinan anu enggal teh kapungkur nyaeta tali karet dihijikeun sing seueur teras ditalian ku karet deui. Carana nyaeta salah sahiji sampeyan diangkat teras si karet teh sina diapung2keun ku sampeyan palih luarna. Dialung2keuna teh pa lami2. Mun ragrag si karetna berarti eleh di ganti ku nu sanesna. Ah resep jaman kapungkur mah komo mun bulan puasa bari ngabuburit teu karaos. Asa hoyong deui balik ka budak alit. Baheula mah nuju alit jarambah ulinna teh ka sawah, ayeuna mah ka Mall......heuheuheu
 
Cag ah,
Neng Iva

Yudi Irmawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Kang, upami rorisan kaulinan budak samemeh aya
Gamewatch/sega/Nintendo/PS/XBOX siga TOKLE, perepet jengkol,
gugunungan, sasamunian (petak umpet) jrrd tos aya di wiki henteu?.

Naros soteh ieu abdi nuju kerung saeenjing mikiran nami kaulinan
kapungkur teu apal wae. Cara ulinna kieu: budak (biasana nu pangkuatna
ngankeup tihang tuluy ditukangeunna barudak sejen (saayana bisa2,3,4,5
jst) nangkeup ka eta budak, biasana mah nu panglembekna aya
dipangktukangna. Nu jaga (nu dihukum) kudu ngawih naon kitu terus
nyoba ngabetot runtuyan barudak hiji nepi ka nu pangpuhuna dibetot ku
sarerea, pakuat2 we.

Naonnya namina kaulinan ieu? Aya nu terang?

Kurupuk melarat: Kurupuk ieu ogé loba dijual di wewengkon Cirebon,
dijieun tina duka..
Kurupuk gadung: didamel tina gadung ;p..... jst
Saroja: kurupuk sanes ieu teh?
Disalin ti "http://su.wikipedia.org/wiki/Kurupuk"

--- In [email protected], kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> geus jadi, mangga buka di http://su.wikipedia.org/wiki/Kurupuk
>




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Culture Corporate culture Hawaiian culture
Hispanic culture Jewish culture Organizational culture


Sell on Yahoo! Auctions - No fees. Bid on great items.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke