alah, can ka cabak ieu tarjamahan,...
butuh kamus jiganamah,...

heu heu heu

aya nu ngagaduhan url (Uniform Resource Locator <-- naon cing Sundana) na kamus sunda-indonesia teu?

hatur nuhun sateuacanna

baktos

On 7/8/05, kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Leres (lain "Tarik"), Mang...

Mun nilik tina harti nu geus aya, koropak = kotak surat. Dina widang "perarsipan", urang manggih oge kecap koropak pikeun kumpulan naskah, misalna "koropak nomer 402", eusina naskah Sanghyang Siksa Kanda Ng Karesyan. Duka teuing kumaha eta bungkeuleukanana eta koropak, sigana mah sabangsaning kotak leutik nu eusina lambaran2 naskah (nu ilaharna sajudul), kungsi nempo di musium sri baduga. ti dinya kuring maksakeun istilah ieu pikeun file. Sedengkeun folder, lian ti ngasongkeun kecap MAP, ah keun bae tetep FOLDER ge, da ejahan & tulisanana teu beda...
Upama tea mah bade ngalarapkeun koropak = folder, nya mangga teu langkung kasapukan. Lebah file, kumaha tah ejahanana, FAIL atanapi FILE?

jk

--Roisz Tea
Mugia Urang Balarea Aya Dina
Ginulur Karahayuan Ginanjar Kawilujeungan
Nu Dirahmatan Ku Gusti Nu Maha Suci

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke