maen tali: kudu aya tali tina karet ditumbu2keun jadi panjang, dipaenkeun ku 3 urang-leuwih. mimiti 2an nu jaga, maksudna nu nyepengan ujung talina.. mimitina tali kudu semet tuur, tuluy semet "taeun" tuluy semet bujal, tuluy semet dada, semet ceuli, semet hulu, tuluy diacungkeun ku leungeun, ti mimiti semet da kaci ditepak ku leungeun talina ku nu maraen, nu maraenna ngararajleng, biasana mun nu semet tuur nepi ka "taeun" mah teu meunang antel kana karet.. mun antel manehna lasut.. mun talina keur semet bujal ngaranna "dikepoh", mun diajlengan teh, da suku keuna kana tali bari talina melenoy ka handap da ku suku nu kenca heula biasanamah.. suku nu katuhu pandeuri ngajleng ka beulah ditu... naha disebut dikepoh?? meureun keur usum wa kepoh ngadongeng dina sandiwara radio.... duka teuing atuh ah
~ipup~ (tos heula ah, bade ka garut heula) Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

