kang, punten pisan naspel teh bagian/sambunganana/ngahiji tina 
bekles/beklen....

~ipup~

-- In [email protected], "Yudi Irmawan" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Atos lebet Teh Pupi, mangga diilo di 
> http://su.wikipedia.org/wiki/Kaulinan_budak
> 
> ****
> Jaman baheula samemeh urang Jepang nimukeun kaulinan komputer 
> samacam sega atawa nintendo barudak leutik di Tatar Sunda boga 
> rurupaning kaulinan pikeun ngeusian waktu ulin manehna sabada 
diajar 
> atawa mantuan kolotna. 
> 
> Beda jeung kaulina elektronis nu sipat nyorangan (''soliter''; B. 
> Indonesia atawa ''solitaire''; English/French), rurupaning 
kaulinan 
> heubeul ieu biasana kudu dipilaku ku leuwih ti saurang. Sipat ieu 
> tangtuna mangaruhan sifat budak sacara umum. Kaulinan elektronis 
> ngadidik budak jadi independen, ngulik jeun kompetitip. Sabalikan, 
> kaulinan heubeul ngajarkeun budak hirup sauyunan jeung 
paheuheuyeuk 
> leungeun. Ieu meureun aya hubunganna jeung sipat barudak ayeuna 
> (artina antukna masarakatna nu bakal kahareup) leuwih gede rasa 
> soranganna (''ego''-na) jeung turun rasa barengna (sosial-na). 
> 
> Dua sifat ieu aya goreng aya alusna, teu bisa dibedakeun hideung 
> bodas. Ieu tangtuna tangtangan pikeun kolot supaya bisa ngawanohan 
> budak jeung dunyana supaya kahareupna generasi hareup jadi 
generasi 
> nu independen, kompetitip, ngulik tapi teu egois alias boga 'rasa 
> sosial' nu lemes.
>  
> == Rupa-rupa kaulinan budak ==
> * '''Bekelen/Beklen/Bekles:''' 
> kudu aya [[kewuk/kuwuk]] jeung bal beklenna nu bahanna tina karet, 
> rata2 dipaenkeun ku 2-sababaraha urang, kewukna bisa 10-12 atawa 
> kumaha karepna, rek 20 ge kaci, ngan kudu bisa karanggeum ku 
> leungeun. nu maraenna andeprok na tehel nu beresih nguriling jiga 
> samodel lingkaran. Mimitina bal dialungkeun sakali ngacleng kana 
> tehel, tuluy kewukna diawurkeun kana tehel, mimiti nyokot kewuk 
hiji-
> hiji, bari dialungkeun balna ngacleng sakali tea, da mun dua kali 
> atawa leuwih mah lasut.. conto make kewuk 10 siki, kewuk dicokot 
> nepi ka 10 karawu ku dua leungeun, tuluy diawurkeun deui kewukna 
> ditangkarak2eun kabehanana, dicokot hiji-hiji nepi ka sapuluhna.. 
> geus kitu kewuk ditangkub2keun prosesna sarua jiga nu diluhur, 
geus 
> ditangkubkeun kabeh, tuluy dibawaan deui... bagean ka batur mah 
> lamun pamaen ka hiji lasut, nya giliran maenkeunana....
> 
> * '''Congklak:'''
> 
> * '''Luncat tali/maen tali/Sapintrong:''' 
> Dipaenkeun ku 3 urang-leuwih make tali nu panjang, biasana tina 
> bahan nu leuleuy liat sangkan teu ngabahayakeun atawa tisaringked. 
> Kulantaran iue, biasana tali teh dijeiun tina [[karet geulang]] 
> ditumbu-tumbukeunkeun jadi panjang. Mimiti dua budak jaga, 
maksudna 
> nu nyepengan ujung talina ti mulai semet tuur tuluy naek ka luhur 
ka 
> semet "taeun" tuluy, bujal, dada, ceuli, hulu, tuluy diacungkeun 
ku 
> leungeun.  Cara maenna, budak nu teu nyekel tali kudu ajleng 
> saluhureun bates tali tea. Keur wates tuur jeung "taeun" nu ajleng 
> teh teu teu meunang antel kana tali, antel manehna lasut alias 
kudu 
> gentenan nyekel tali. Ti mimiti wates bujal ka luhur, nu ajleng 
> meunang antel kana tali. Beunang oge make tehnik "dikepoh" nyaeta 
> suku kenca meulit kana tali dipurilitkeun, tuluy disusul suku 
katuhu 
> ngajleng ka beulah sisi sebrangeun nu ngajleng tea.
>  
> * '''Naspel:''' 
> Sanggeus proses kahiji nepi ka proses ka ditangkubkeunana kewuk 
nepi 
> ka 10, naspelna teh kewuk ditangkarak2eun terus dirawu kabeh, geus 
> kitu ditangkub2keun dirawu deui.. geus kabeh
> karawu, tuluy kewuk nu 10 siki diranggeum terus dialungkeun ka 
luhur 
> bari ditampanan ku dampal leungeun nu ngalungkeun.. mun dina 
dampal 
> leungeun nyesa 2 atawa 3 atawa 4 kewuk, tuluy disanggap deui... 
> engke ngamimitianna deui kudu ti 2/3/4 nyokotanna.... henteu 
mimiti 
> ti 1.. jadi langsung.... kitu oge nangkarak2keun, nyokotna 2/3/4 
> kumaha nu kasanggap tea.... mun keur naspel lasut, nya kudu 
balikan 
> deui, nepi ka lulus banglus naspelna (nepi ka bisa ngaranggeum 
kuwuk 
> tea)
> 
> * '''Perepet Jengkol:'''
> 
> * '''Pelak Cau:''' 
> Cara ulinna hiji budak (biasana nu pangkuatna) nangkeup tihang 
imah. 
> Ditukangeunna barudak sejen (bisa 2,3,4,5 jst) nangkeup ka eta 
> budak, biasana mah budak nu panglembekna aya dipangtukangna. Ieu 
> meureun asal ngaran kaulinan teh: runtuyan budak diibaratkeun 
> rungkun cau. Salian ti 'rungkun cau' ieu, aya salah saurang budak 
> nu 'jaga' alias dihukum jadi 'patani' nu boga tugas mindahkeun 
pelak 
> cau tea. Nu jaga ieu kudu ngawihkeun samacam kawih uluk panto 
tuluy 
> nyoba ngabetot runtuyan barudak nepi ka leupas hiji-hiji mulai nu 
> pangtukangna. Mun aya budak nu leupas ieu kudu milu jadi 
> balad 'patani' tea, babarengan ngawih jeung nagbetotan babaturanna 
> nu masih keneh nangkod dina rungkun, pakuat2 we nepi ka rungkun 
cau 
> tea beak. Kaulinan ieu, mun barudakna karuat, bisa meakkeun waktu 
> mangjam-jam.
> 
> * '''Rerebonan:'''
> 
> * '''Sasalimpetan:''' 
> 
> * '''Sondah:''' 
> 
> * '''Serok:''' 
> 
> * '''Sasamunian:''' 
> 
> * '''Tokle:'''
> 
> 
> --- In [email protected], "Mpup" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke