Nambihan sakedik, Kanggo MOTIVASI, tiap artikel disebatkeun saha nu nyepeng (kuncen) tapi kontribusi mangrupa deskripsi atanapi conto tetep disebatkeun saha nu ngalungkeunna.
Kangge conto: Artikel: Kaulinan Budak (dicepeng ku: Yudi Irmawan) Rupa-rupa Kaulina Budak: Congklak (kintunan Neng Pupi) Pelak Cau (deskripsi kenging Neng Iva) Mangga Yudi --- In [email protected], "Yudi Irmawan" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Akang/Uwa/Bapa? Ganjar, > > Numutkeun raraosan abdi, kumargi didieu teh seueur nu tiasa akses ka > internet. Panginten tiasa silih alungkeun we tur satiasa- > tiasa "ngedit" langsung ka Wikipedia. > > Mung supados teu aya dobel damel urang tangtoskeun we saha nyepeng > naon. Janten nu sanes mah ngalungkeun bahan ka milis, nu pancen dina > topik eta ngalebetkeun ka Wiki. Sarengse dilebetkeun, ki pancen > ngalungkeun deui ka milis supados dikomentaran, > ditambihan/dilereskeun ku kasaluyuan sarerea. > > Ieu oge tiasa ngahindarkeun "SILIH EDIT" dina hartos padamelan batur > dilereskeun, padahal mah anjeunna pan tos nyeepkeun waktosna > ngadamel hiji "entry". Teras teu kedah ngantosan hiji2 rengse > (tuntas) tur sadayana tumplek dina hiji topik tapi tiasa paralel > sareng nu sanes. > > Upami saderek sadaya sapagodos kana "mekanisme" ieu, widian sim abdi > nyepeng "Kaulinan Budak" keun dikeureuyeuh. Mangga jejer sanesna mah > atuh ku nu sanes. > > Nyanggaken pamendak/usul mugia katampi, mangga dilereskeun upami > kirang sae > > Baktos > Y > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

