Haturan teh Regina wilujeng sumping, perkawis kagok, lepat, basa kasar dina
ngagunakeun basa sunda di forum ieu eta mah nomor 23, nu penting mah aya
minat dina ngagunakeun basa sunda, sim kuring oge ti wedal dugi ka ageung
linggih di Bogor, nu basa-na sohor campur aduk sareng pasti kasar mah benten
pisan sareng wilayah priangan, katambih ayeuna linggih di Banten nu basa-na
oge kasar pisan, didieu mah istri oge disebat "bikang", ceuk abdi mah ieu
teh mangrupi kabeungharan budaya sunda, mangga teuing bade nyarios sunda
versi banten sapertos "bikang dia (maneh) rek kamana ", atanapi versi bogor
"beungeut tangkorak sia", kalimah ieu ilahar dipake di 2 wewengkon eta ieu
ceuk paripaosna, ceuk urang priangan mah ieu basa teh "kasar pisan", nanging
upami mung eta nu biasa dianggo sadidinten mangga bae, tibatan teu teu
ngagunakeun basa sunda, sakedik-sakedik urang sami-sami diajar sareng
ngalestarikeun budaya sunda.
----- Original Message -----
From: "ulukuteuk_leunca" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <urangsunda@yahoogroups.com>
Sent: Sunday, July 10, 2005 3:12 PM
Subject: [Urang Sunda] Re: Nepangkeun


> Nepangkeun sim kuring Regina, pituin ti kuningan,linggih di bandung.
> Pun bapa sareng pun biang pituin urang kuningan.MUslim 100%
>
> Maaf,karena saya dibesarkan dengan bahasa ibu bahasa indonesia,jadi
> kosa kata sundanya terbatas.Saya menggunakan basa sunda terbatas pada
> teman nu sapantaran,sanes alim ngagunakeun basa sunda dina serelek
> ieu.Mung bilih aya anu kasinggung ku basa na sim kuring,da mun sareng
> rerencangan mah tara numut kana undak usuk basa.Kalo denger orang lain
> bicara atau ngajak ngobrol pake basa sunda...sok rada karagok
> nembalannana...ngartos mah ngartos....mung biih nembalanana lepat(sok
> jd inget kana undak usuk basa.....ke pas nembalan teh.....kasar teu
> nya...mun tembalannana kieu.....sok jadi matak bingung)  Agak kurang
> pede pake basa sunda di forum resmi dan lbh terbuka.
>
> Saya kenal KUSnet pertama kali awal tahun 2004 via buku SURA SEURI
> SIGA SERO, asa atoh .....geuning aya anu ngageuingkeun kana budaya
> sorangan.
>
> Ah ieu mah curhat.....
>
>
> --- In urangsunda@yahoogroups.com, "Yudi Irmawan" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > Bagea Kang/Bapa Epi? Nepangkeun sim kuring Yudi, kawit mah Kuningan.
> > Ngangken urang Sunda pedah we diageungkeun di lembur Sunda. Ari
> > pituin mah duka ti mana sanaos pun ibu, pun bapa, pun aki sareng pun
> > nini opat2na ti Kuningan sadaya. Ayeuna sami nuju tebih ti lembur
> > sok mindeng waas hehe
> >
> > Ah Sunda mah teu langkul agul ti seler sajen Kang, pan ari budaya
> > mah pikeun ngamerenahkeun hirup urang, janten teu kedah dipaksakeun
> > sanes? Kumaha merenahna wae. Diageungkeun ku Sunda atuh Nyunda
> > sanajan lahir boh ageung di mana oge. Tapi tangtos kacida saena
> > tuang putra teh diwanohkeun ka asal jeung usulna panginten.
> >
> > Punten ah sanes ngawurukkan, mung ngarencangan wawaasan wae ieu mah
> > Baktos
> > y
> >
> > --- In urangsunda@yahoogroups.com, "Hepi" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > > Asa waas maca tulisan-tulisan sunda
> > > inget baheula basa keur lembut keneh
> > > pasosore badha asar  aya girimis
> > > bapa almarhum bari disasarung maca mangle
> > > dibaca ditarikkeun rada dikawihkeun
> > > "dengekeun aya dongeng alus" cenah
> > > kuring sadulur jeung ema ngariung
> > > sila emok paadu bitis
> > > ------
> > > cita-cita boga pamajikan urang sunda
> > > meh bisa diajak ngumbara ka alam keur budak
> > > ngan putus jeung putus wae
> > > kalahka meunangkeun urang sabrang
> > > beda adat jeung omongan
> > > dibawa kalembur teu betah
> > > di ajak ka baraya teu bisa ngomong
> > > ----
> > > Mendak milis urang sunda
> > > asa mulang deui ka jaman baheula
> > > ting torojol mani waas
> > > palinter ngaromong sunda ning batur mah
> > > ari kuring ngan logat hungkul nu nyunda
> > > sok diseungseurikeun ku si cikal
> > > papa naon papa naon cenah
> > > ---
> > > -epi-
>
>
>
>
>
>
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Reply via email to