Dingdingkiripik diulinkeuna teh nganggo panangan. Biasana anu eleh bagean anu namprakeun pananganna. Teras anu barudak anu sanesna nungjuk curukna kana pananganna. Pami kawihna beres sabisa2 anu eleh kedah meunangkeun curuk eta. Mun beunang berarti eleh bagean anu namprakna.
Pami hulahup memang sigana ieu mah jarang nya. Mung waktos abdi alit ieu aya. Malihan kadieunakeun teu ayana teh.
Tah pami bang2 kalimalima gobang mah ngawihkeuna teh bari paadu panangan bari aya tepukanana, biasana diulinkeunana ku 2 urang.
Tapi pami teu kalebet kaulinan berarti sanes. Mung asana teh nu kieu ge kalebet kaulinan barudak. Ah ketang mangga wae ieu mah teu langkung.
 
 
Neng Iva

Hepi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Asa teu mendakan dingdingkiripik, eta mah asa lagu dangdut oma irama :
 
dingdingkiripik..aaaa ... hay tulang bawang
kalau bibir digigit
sakit bukan kepalang..
 
Hulahup ge asa ka ayeunakeun, bawaan ti luar
 
Kalimalima gobang ????
 
Ieu mah kakawihan bersambung:
 
bang bang kalimalima gobang bang
bangkong di tengah sawah wah
wahai tukang bajigur gur
guru sakola desa sa
saban poe ngajar jar
jarum paranti ngaput put
putri nu gareulis lis
lisung kadua dua halu lu
luhur kapal udara ra
ragrag di jakarta ta
taun opat lima hiji ji
haji rek ka mekah kah
kahar dua rebu bu
buah meunang ngala la
lauk meunang ...
 
poho...! asa panjang keneh
 
-epi-
From: iva wanti [mailto:[EMAIL PROTECTED]]
Sent: Monday, July 11, 2005 1:19 PM
To: urangsunda@yahoogroups.com
Subject: [Urang Sunda] Kaulinan budak baheula

Galah

Kaulinan budak diantarana aya sababaraha kalompok (grup). Sakalompokna biasana aya dua urang. Paulinan ieu biasana di buruan taneuh anu lega, saumpamana di lapangan terus make garis. Cara ngulinkeunana salah sahiji kalompok, nangtung sajajar ngajagaan lapang atawa garis. Tiap garis dijagaan ku tiap urang. Kalompok anu lawan tugasna sangkan bisa ngaliwatan eta garis. Lamun bisa ngaliwatan garis kahiji kudu dituluykeun deui kanu baris kadua. Mun gagal ngaliwatan garis berarti eleh. Saterusna tuluy gantian.

Sapintrong

Kaulinan budak anu maenna minimal 3 urang. Anu 2 urang pahareup-hareup nyepengan karet anu geus meunang diuntun/dintuy panjang. Terus anu hiji urang deui aya di tengah nungguan karet diputer kunu 2 urang tadi. Sabada karetna diputer ti handap terus kaluhur kudu siap ngaloncat teterusan. Mun karetna katinjek berarti eleh diganti ku salah sahiji anu nyepengan.

Endog-endogan

Kaulinan budak anu make leungeun. Biasana diulinkeun bari diuk, minimal diulinkeun ku 2 urang. Terus leungeun dipeureupkeun disimpen dihandap. Posisina aya anu bari nangtung aya anu bari nangkub. Sabada digoleangkeun (digoyang) barudak bari kakawihan. Kawihna siga kieu : "Endog endogan….endogna peupeus hiji..pre". Mun nyubut pre langsung leungeun anu tadina meureup ditemprakeun. Mimiti anu ditemprakeun anu paling handap tuluy sampe kaluhur. Mun leungeunna geus euweuh anu meureup deui dikawihkeun deui siga kieu….”goleang goleang bapasatar buleneng” bari handapeun mata barudak sok silih dibeyeng kahandap ku sorangan.  

Maen Karet

Kaulinan budak anu make karet gelang. Biasana diulinkeun minimal ku 2 urang. Carana ngan perlu karet 2 siki. Karet eta dialungkeun ku leungeun biasana posisina ngalungkeunana sajajar tihandap kaluhur sangkan karetna bisa papisah tapi teu jauh teuing. Terus salah sahiji karetna dialungkeun deui make jempol kana karet hijina deui. Mun geus nimpah biasana sok aya bolong ditengah terus we ku cingir tengahna kudu "titika" hartina meunang.

 

Asana aya deui kaulinan barudak teh samodel ieu :

Ucing Kaleng

Oorayan

Paciwit2 Lutung

Hulahup

Dingdingkiripik

Kalima2 Gobang

 

Mangga bilih aya anu bade ngalereskeun sareng nambihan. Kumargi ieu ge bari dirarampa.

 

 

Neng Iva

 


Yahoo! Mail
Stay connected, organized, and protected. Take the tour

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Sell on Yahoo! Auctions - No fees. Bid on great items.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke