Kang Deni & Euceuna, nuhun pisanna teh enyaan kuring mah, lain basa bari...

Samemeh indit ka Keresek teh tas neda di rorompok mamangna punbojo di Suci, beak sapiring. Na ari geus nepi ka dinya kalah murak deui, mindo deuih! Tilu piring in three hours!!! heuheu... Eta nila, mani teu eleh ku gurame badagna mah, abong diparab ku cai walungan... Sayur asemna deuih, mani raos, sayur kaporit kuring eta teh... nyaan, teu kapok kuring mah ka dinya teh...

Di jalan ka-Cibatu-keun, di Wanaraja, angkot teh kapegat ku kuda renggong-Sumedang nu diiringkeun ku puluhan delman, ngareuah-reuah nu rek disunatan... Taun2 kamari mah mindeng nempo aleutan delman teh jaman bupati Dede Satibi, sigana mah kabeukina delman, hehe... acara2 teh sok direuah2 ku iringan delman...

Lian ti disuguhan rupa2 katuangan, nu beuratna nu hampangna, ku pribumi teh disuguhan pusaka karuhun deuih, ti kolontong (pusaka karuhun munding ieu mah) nepi ka keris (dongengkeun ulah, Kang Den?). Oge rame pisan masalah jin Keresek, nu didongengkeun ku Si Tetehna.

Kang Deny & Kang Darpan mah utamana ngobrolkeun masalah dunya atikan, da kabeneran duanana guru. Lajeng Kang Darpan ngadongengkeun rupa2 lalakonna di Garut, ngeunaan nyusun buku Ensiklopedi Alit Garut (dina wadah Komunitas Srimanganti) nu dibagikeun ka sakola2 di sakuliah Garut. Teras rupa2 lalakon sejenna, di antarana ngeunaan ngalongokan situs2 arkeologi & kabuyutan, boh nu di Garut atawa di wewengkon sejen. Kabita pisan, iraha2 mah, mun bisa, hayang ngalanglang mapay2 eta titinggal (kumaha yeuh KUSnet Jakarta, jadi nyusun direktori/inventarisasi titinggal & puseur budaya Sunda teh? hayu atuh... ka Kanekes tea deuih, iraha jadina? Sararibuk rupina mah).

Resep pisan, ulin ka Keresek teh, lian ku bro-broanana dina masalah katuangan (heuheu..), oge lingkunganana pikabetaheun, tiis... mani asa di.... Keresek! Mulang teh dibahanan buku deuih (hiji sewang + kanggo uwa sas), carita ngeunaan jin Keresek karangan Hasba, mitohana Kang Deny (leres?).

Isukna obrolan teh diteruskeun di rorompokna Kang Darpan di Gordah, niatna mah rek menta file  ensiklopedi alit, pikeun jadi rujukan dina Wikipedia. Ngobrolna mah rupa2 deui, di antarana ngeunaan KBS (KUSnet midang oge dina koran Priangan, eusina mah kurang leuwih sarua jeung nu sejen, muji, hehe...). Jejer anu dariana, nya ngeunaan paistilahan anyar tea... kusabab di LBSS mah euweuh Komisi Istilah nu jadi lulugu dina masalah basa serepan (atawa nyiar kecap nu luyu pikeun hiji istilah husus nu anyar), nya Kang Darpan ngajakan urang inisiatip bae. Ceuk kuring teh, puguh kusnet ge keur heueuh pisan ngeunaan ieu teh. Nya atuh ari kitu mah, sok cenah kang darpan sadia babantu. Urang seriuskeun, mun perlu nyieun buku, nya urang nyieun buku... dina henteuna, urang nyieun sarupaning buletin, bagikeuneun ka pihak2 (utamana media massa Sunda) nu sakirana boga kapentingan kana ieu buletin. Dina dipakena, nya nuhun, bungah nu aya. Dina henteuna, nya teu langkung "pasar" ari masalah basa mah..

Sakitu heula, manawi...

jk
MJ, pabukon nu di Garut tea hilap kamari teh, anu baladna Kang Mamat Rahmat tea kitu? Manawi ka payun, sakantenan wang longok...

On Sun, 10 Jul 2005 01:56:21 UT, Deny Suwarja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
"Foto kang Deny, lebar ! Jaga mah moal aya yeuh kadaharan jiga kieu teh! Nya kukuring di foto. Atuh teu lila, brak weh dalahar. Meni pedooooooooooooooooooooo teh, eta we da kuring oge nambah meni tilu kali, Kang Kandar, Mpu sareng Kang Darpan oge kitu. Malah Kang Kandar mah dugi ka ngabongkar hulu nila.....nyaingan enyeng anu muang meong ningal hancangan manehna dipurak ku kang Kandar!


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke