Kakawihan tos lebet di wiki (http://su.wikipedia.org/wiki/Kakawihan), dikantetkeun ka Kaulinan Budak (http://su.wikipedia.org/wiki/Kaulinan_Budak).
Kaulinan Budak oge atos ditambihan ku nu enggal. Mangga diparios, upami aya nu lepat/kirang pas mangga disawalakeun. Nyanggakeun ka supervisor wiki, Kang Kumi... hehe baktos y --- In urangsunda@yahoogroups.com, Ganjar Kurnia wrote: > > Kaulinan Urang Lembur Atawa Kakawihan Barudak > Panganteur > Bari jeung pakepuk ku pagawéan, tapi ku sabab ninggali batur sarumanget ngainventarisir sarwa hal, kasanggakeun « Kaulinan Urang Lembur Atawa Kakawihan Barudak » di tatar Sunda jaman baheula. Ngahaja dijudulan maké « atawa », sabab asa acan aya kasapogodosan ngeunaan istilah. Lamun disebut kaulinan, kapan loba ogé kaulinan anu séjén saperti panggal, sérmen, galah, ucing sumput, jsb, ; pon kitu deui lamun dijudulan kakawihan wungkul, loba ogé kakawihan anu séjénna. Tapi palebah kakawihan anu ieu mah rada khas, sabab lamun ditilik-diantarana aya hubungan antara kaulinan jeung kakawihan. Kukituna, judul ana rada pas mah sigana kaulinan budak lembur anu dikawihan (sok sanajan kanyataanana teu kabéh kakawihan aya kauliananana). Tapi pikeun arguméntasi mah, kakawihan ogé bisa dianggap kaulinan. Istilah kaulinan urang lembur ogé sigana mah anyar (pertengahan taun genep puluhan), sabada ieu « kaulinan » dibawa ka panggung (dijadikeun tongtonan) utamana ku Departemen Kesenian Unpad (aya Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/