Title: Message
Muhun kang, da sanes angkot wae anu nambihan teh.
Ayeuna pertumbuhan mobil teh rata-rata 47,000 mobil
sasasih (ti Jan 05~Mei 05). Nya kumaha teu karoroncodan
tah pertamina. Sok geura urang etang, upami 1 mobil
ngaleueut bengsin sa dintenna 5 leter, sadinten teh peryogi
235,000 leter, sa sasihna 7.050.000 leter. Eta teh kanggo
mobil enggal anu di ical dina sasasih. Teu acan kanggo
mobil anu tos aya, Janten tambihanna wungkul kanggo
ngabengsinan mobil anyar dina sataun kedah sayogi
549.900.000 leter.(dietang sadayana nganggo bengsin,
da abdi teu gaduh data kanggo anu nganggo solar).
Punten upami lepat dina ngetangna, pang lereskeun.....
 
Teu acan deui masalah panjang jalan tara nambihan,
beuki pasedek-sedek we atuh di jalan teh. Saumur-umur
nembe da abdi mah ngalaman macet di bandung tabuh
11 wengi, basa jalan layang pasupati nembean di buka.
 
Mangga ah bade macul deui......
 
ks
-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of Ganjar Kurnia
Sent: Wednesday, July 13, 2005 5:58 PM
To: [email protected]
Subject: RE: [Urang Sunda] Re: [kisunda] Antawis jas sareng hémat BBM

Leres ari kitu téa mah; namung éta gerakan (baca : geraan) téh asa ngan saukur kulitna, henteu notog pisan kana lilinggeran. Contona, kumaha badé hémat BBM ari jumlah angkot teras waé ditambihan -- padahal upami ditanggali panumpangna seseringna mah ngan ukur hiji, dua. Anu jelas mah nambihan macét, nambihan bénsin anu kedah dianggé ssb. Sok sanajan janten pacabakan supir, tapi pan ku seueurna téa (katambih ayeuna mah cenah éléh ku motor dan pangaos motor gé mirah) angger waé riupuh. Antukna janten parebut penumpang. Ieu ogé masalah. Kumaha lamun parebut penumpang téh teras nabrak; anu ditabrakna mobil saé, atuh anu gaduhna kedah lebet rumah sakit meureun, piraku ari anu beunghar mah rumah sakitna teu ngangge ac deuih ...................................

kumincir <[EMAIL PROTECTED]> a écrit :
Hehe... kapan di nagara tropis mah kacida pisan rugi nganggo jas teh, Kang Ganjar... Cobi wae, hawa panas mamake jas, nya atuh rohanganana kedah ditiiskeun nganggo AC. AC teh pan ngahakanan listrik nu asalna tina ngadurukan solar tea. Jadi, mun urang ucul2 teu nganggo jas, urang teu kedah pasang AC. Hemat BBM...

jk



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke