Abdi mah sapogodos pisan sareng seratan ti kang MH + Kang Oman.
Upami abdi nitenan tina ieu millis atanapi ramatloka (Website), kacida pisan variatifna SDM KUSnet teh, ngawitan ti IT, akunting, sdm, media cetak/visual/audio, pamarentah, mahasiswa/i jrrd. Tah ieu teh saur abdi mah kalintang potensial upami di berdayakeun. KUSnet teh tos ancrub kana dunia informasi (Radio, Televisi, internet), eta teh kalintang strategis tur pinunjul (unggul). Tali mimitran tos kawangun, kantun ningkatkeun.
Tah panginten ayeuna mah kantun ningkatkeun "anu langkung aplikatif" di darat. Panginten kantun diorganisir ayeuna mah, kedah aya anu ngokolakeun di darat teh. Tah upamana wae KUSnet gaduh usaha mah panginten tiasa ngawaragadan kgt2 KUSnet, tiasa muka lowongan padamelan anu anyar kanggo dulur2 urang. Tah upami urang sadayana tiasa ngamanfaatkeun kaunggulan KUSnet, hebat lah.....
Intina mah kedah enggal dikawitan teu saukur wangkongan wungkul. Sakieu heula anu kapihatur. Hatur nuhun.
Caggg...
Baktos,
Pribados - Runa Inawan
On 7/14/05, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Sapuk MH, memang geus waktuna kacida perluna neangan sumber beaya keur ngawadahan garapan-garapan KUSnet. Ais pangampih KUSnet (Ua Sas, MJ saparakanca) tangtu keur mikiran hal ieu.Di sagigireun neangan donatur, sabenerna mah loba bahan jeung sdm keur neangan sumber beaya teh. Kang MGT ti heula kungsi ngasongkeun proposal pikeun ngokolakeun website/milist anu leuwih mandiri (babasan nu matak keueungna mah: profesional). Konsep dasar usaha dina ieu proposal nyaeta ngahubungkeun kagiatan anu aya di alam "ghaib" (alam maya/internet) ka alam nyata. Upamana bae, Kang MGT ngasongkeun usaha widang event organizer pikeun neangan beaya (bubuhan anjeunna mah ahli seni), oge garapan-garapan samodel ngahejokeun TS, konsultasi perencanaan, sosialisasi ngagunakeun deukeutan budaya, jst (lolobana mah ieu garapan-garapan teh gumantung keneh kana proyek-proyek Pamarentah/link atawa pangrojong ti anu nyekel kaproyekan di pamarentahan).Kamari waktu panglawungan di Cupumanik, Ua Sas ngasongkeun ide nyieun ensiklopedia digital anu engkena dijual. Ieu oge hiji usulan dina raragan neangan beaya tea.Si kuring sorangan sabenerna geus mindeng gogorowokan di ieu milist. Yen Us teh boga produk-produk sarana tatanen anu kawilang jugala, malah si kuring keur ngeureuyeuh ngagenan, sanajan leuleutikan. Ngan nyaeta, kusabab pabaliut jeung waktu dines di kantor, kamekaran ieu usaha teh (utamana promosi pikeun muka pasar anyar) teu pati ka garap. Padahal mah ieu saran tatanen teh kabuktian bisa ngaronjatkeun hasil tatanen (pare, jsb) nepi ka 70-80%. Upamana tea mah aya organisasi ti KUSnet anu khusus ancrub ngagarap ieu usaha, lumayan da prosentasi keur agen teh cukup gede (bisa nepi ka 4% tina harga ti produsen). Kabeneran deui, antara si kuring jeung produsen teh langsung pisan, heunteu kahalangan deui ku agen sejen.Usaha sejenna, upamana bae anu miang tina umumna kaparigelan warga Kusnet dina widang IT. Upamana bae midamelan program-program anu ayeuna bener-bener diperlukeun ku pamarentah atawa masyarakat umum.Seueur pisan anu tiasa digarap, ngan patokanana mah usaha teh kudu nyoko kana ramat (jaringan, link) anu tiasa diwangun ku KUSnet oge organisasi anu profesional widang usaha ti YP, upamana: ngawangun Koperasi Yayasan mah teu meunang usaha, tapi Yayasan meunang ngawangun Koperasi keur usaha; keur catetan bae, si kuring ayeuna kapapancenan ku hiji organisasi pikeun nyusun AD/ART Koperasi anu dipayungan ku eta organisasi). Ngeunaan ramat, naon anu rek dikeureuyeuh ku Kang Sony kamari waktu tepung, sae pisan: nitetan deui database KUSnet jeung ngalengkepanana.Mangga, prung urang kawitan.Baktos,manAR
On 7/14/05, mh < [EMAIL PROTECTED]> wrote:hehehe, ngan 3m deui euy! mangkaning garapan numpuk
keneh! TQBS, koropak, PS masih perlu rohangan nu teu
saeutik.
ngeunteung ka dieu, jigana geus waktuna kusnet,
ngajalin gawe bareng jeung pihak lain, nu bisa jadi
sponsor. sabab ieu pagawean teh, teu cukup ku kahayang
hungkul. tapi kudu dibarengan jeung modal geuningan.
hehehe. aya sababaraha jalan nu bisa dipigawe sangkan
bisa ngamodalan kahayang. kahiji, kusnet geus waktuna
boga widang usaha nu bisa ngahasilkeun pikeun
ngabayuan garapanana. kadua, kusnet kudu bisa jeung
daek neangan sponsor ti pihak lain, naha pribadi,
sawasta atawa instansi sejenna.
noong beja ti mj, cenah disbudpar daek ngawaragadan
garapan tesis dokumentasi kaulinan urang sunda.
saenyana garapan anu keur dipaju, jiga digitalisasi
PS, pupuh, jeung sajabana, payus meunang pangrojong
sarupa. ngan jigana kumaha para pendekar kusnet bisa
ngalobina. wallahu'alam.
salam,
mh
>>>>>>>>>>>>>>>>>>>dikeureut ku 'arit' palih dieu kahandap<<<<<<<<<<<<<<<<<<<<
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
---- LSpots keywords ?> ---- HM ADS ?>
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

