Tah, pami ieu mah versi LSS-ITB. Namina upacara "Mapag Panganten".
Versi ieu panginten kaetang pondok dibandingkeun sareng upacara panganten aslina.

0. Panganten anu dugi di gedung resepsi (ti bumi atanapi langsung ti Masjid) ngantos dina lawang, samentawis dilebet gedung
1. Prosesi umbul-umbul ku 8 urang ponggawa, dipirig ku lagu Kebo Jiro.
2. Tari 8 urang mamayang, dipirig ku lagu Catrik
3. Lebetna ki Lengser bari ngibing, dipirig ku lagu Lengser Midang
4. Rajahna ki Lengser, du'a ka Nu Kawasa, tur ngumumkeun ka tamu anu hadir yen panganten parantos dugi.
5. Panganten lebet dipandu ku ki Lengser, diiring ku ponggawa, disaweran ku mamayang, nuju ka panggung / korsi panganten, dipirig ku lagu Jipang Lontang
6. Prosesi lilin jeung keris, dipirig ku Jipang Lontang.
- bapana panganten isteri masihkeun keris ka panganten pameget
- ibuna panganten pameget ngahurungkeun lilin nu dicepengan panganten isteri.
7. Rengse/tutup, para pangiring kaluar ti gedung, dipirig ku Silah.

Kinten-kinten 20 menit sadayana. Kanggo patarosan sejenna tiasa ka LSS, di Aula Timur ITB.

Wassalaam,
-Dian-

On 14/07/05, indung peuting <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Haturan kang Agus....................
Cobi taroskeun  ka Kang Sasmita, anjeuna gaduh bukuna kanggo upacara adat sunda, kapungkur oge si teteh minangsaraya ka kang Sasmita, kitu...kang Agus..!
 
teh tien

Agus Wirabudiman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Sampurasun,

Para wargi, Ka Kang Engkus Ruswana K, Kang Eko Nugraha, Ka Kang Oman, Ka
Kang Edy, sareng saha wae anu uninga kana Urutan Upacara Adat Sunda dina
Nikahkeun sareng Hartosna tina makna Upacara Adat eta, pamugi kersa di
kintun ka email simkuring :
1.
[EMAIL PROTECTED]
2. [EMAIL PROTECTED]

Urutan sareng Hartos tina Upacara Adat Sunda dina Nikahan teh ku simkuring
bade di angge, nya kanggo aggeeun acara sim kuring, manawi teu ka Abotan.

hatur nuhun sateu acanna
mangga
baktos
Agus Wirabudiman





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke