Leres tah kang Dudi mun di patil lele rasanya ciga di seureud odeng, ari abdi mah da masih keneh resep kana ngurek sareng ngusep lele, ceuk  paripaos nyo nyoo keyboard oge di hareupeun kompie ari kabiasaan neangan belut jeung lele teu bisa dileungitkeun padahal geus kolot jeung lain jaman na, ya sakalian leungitkeun strees saurna protein lele kampung jeung belut sawah sae cenah kangge nambihan hormon nu peryogikeun ku otak urang kangge daya serap otak ambeh ganycang, ah abdi mah nurut we kana papatah nu jadi kolot, ari bodo jeung pintermah kumaha jelema na, kitu sanes, ? teras saurna eta belut linung nu koneng ngalempereng teh sae kanggo pertumbuhan otak sareng kekebalan tulang, saurna eta belut di nasi tim keun teras di tuang ku orok sae tah cenah kangge pertumbuhan kecerdasan si orok, logis oge jalma2 nu resep ngonsumsi lauk jeung sajabana sok rada cerdas, contona urang jepang, ceunah habiebie sok resepeun ka bakar lauk...tapi abdi sok rada minder, sanajan loba neda lauk cai tapi teu cerdas-2....jeung deuih sok aya nu moyok ceunah ciga sero...jeung deuih cenah US mun dibere sambel terus dileupas di kebun bisa survive, bener teu penghuni milister ????


On 7/13/05, Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Keun aha naros ka kang Doel ge,
pangalaman keur leutik, gaduh balong dipelakan ku rupa-rupa lauk, sarupaning jaer, nila, nilem, tawes, oge lele boh lele dumbo oge lele kampung (?naonnya).
Sakali mangsa dibedahkeun tah balong teh, teuing pedah masih keneh leutik, can boga kapaur, newak lele teh sangeunahna wae jiga newak lauk sejenna.. Nya kapatil, Komo lele nu matil teh lele kampung keur muejeuhna kumeuheur, Patilna leuwih rohaka tibatan lele Dumbo... rasana dipatil teh bener kang Dur panas tiris, bareuh deuih DUH.. nepikeun ka ceurik gogoakan, lolongseran tah si uing teh.. he he he ... tapi lele kampung leuwih ngeunah tinimbang lele dumbo, najan lewih leutik tapi dagingna lewih pepel (padet), leuwih aya rasaan, teu tiis jiga lele dumbo
 
Tos ah ngacapraks na...

 
On 7/14/05, durahman <[EMAIL PROTECTED] > wrote:
eh, kang adul. Cenah mun urang kapatil ku lele teh matak gering panas tiris bener henteu etateh? Da kuringmah can pernah kapatil lele (sababna sieun nyekel  lele dan sieun kapatil tea. Wani nyekel soteh mun geus yakin lelena geus bener-bener paeh).




--
Baktos,

Dudi Herlianto


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS






--
Wassalam Mualaikum Wr Wb

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke