Sumuhun kang Dul, ke simkuring tiasa mikabanda eta rekamannana, kumaha cara 
ngapimilikna teh? 

Ida

-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Behalf Of ndoell
Sent: Saturday, July 16, 2005 3:34 PM
To: [email protected]
Subject: [Urang Sunda] Re: On Air di Radio Antasallam Bandung


Wilujeng Uwa Sas saparakanca,
Bati hoyongna wae ngabandungan Kusnet manggung na tipi sareng 
na radio teh ...
hanjakal frekuensina teu katewak di jakarta mah...
aya rekamanana henteu Uwa Sas ? 
pami aya mah tiasa digandakeun dina CD, keur tongtoneun
sareng dangueun Kusnet nu teu kungsi nongton tipi sareng 
nyetel radio. Ngagandakeunana mah dikantor abdi ge tiasa.


-dul-





--- In [email protected], "MSasmita" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Jumaah sonten ti tabuh 3 dugi ka tabuh 5, Kusnet tos ngaduakalian 
ngajomantara di radio Antasallam Bandung, nu hadir ti Kusnet nyaeta 
sim kuring, Kang ManAR, Teh Nenny sareng Kang Dipa ( Kang Soni teu 
hadir da nuju di Bogor, Mang J teu hadir da nuju piknik ka 
Pangandaran), anu ti Antasallam aya duaan, anu dibahas Kadaharan 
Sunda tapi dina derna mah langkung seueur ngupingkeun panglaman Teh 
Nenny icalan comro di Houston, Alhamdulillah seueur respon ti kaum 
dangu da aya SMS sareng telepon anu ngiring mairan.
> Ieu acara ku Host ti Antasallam dikemas lir obrolan di warung 
bandrek, enas-enasna ieu acara kanggo saheulaanan ngawanohkeun Kusnet 
ka kaum dangu tur janten Kampanyeu Reueus Sunda.
> 
> Sapertos anu diposting ku sim kuring wengi kamarina, kanggo minggu 
payun Insya Alloh bade ngabahas kaulinan barudak, Teh Mpup sareng 
Kang Kumi janten narasumber (kanggo referensi mah aya buku-bukuna di 
sim kuring), anu janten bintang tamu Teh Lies Paris ti London anu 
nuju aya di Bandung, urang guar naon pangna anjeuna masih keneh 
micinta Sunda padahal tos lami mukim di London sareng masih emut teu 
kana sondah jeung kaulinan liana (Teh Lies....punten mayunan 
dibewarakeun....Teh Mpup tos kontak teu acan ka Teh Lies...!?)
> 
> Cag ah...tos tunduh...!!
> 
> MSasmita




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links



 






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke