Leres pisan ayi Sasmita (akang teh tos 60 taun, aki2...),
 
Nyaeta akang mah sok rada lebar pami basa Sunda teu diangge kalayan leres teh, kakupingna teu raos. Namung da leres atuh perkawisna nu utami teh undak-usuk tea.
 
Akang mah rada teu aya kamampuan kana ngaluluguan yahoogroups anyar kangge maksad2 ieu teh, mung mugi2 wae meureun aya ti salahsawios parakanca nu aranom keneh nu boga minat serius kana palestarian basa karuhun, sareng gaduh kamampuan tehnisna kangge ngalaksanakeun maksad2 ieu.
 
Hatur nuhun yi, mugi2 ayi sakulawargi salamina aya dina panangtayungan ti Gusti Nu Maha Suci, Amin...
 
Mustakim Ardipradja

MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ke..ke..ke...ieu anu diusulkeun teh ngadamel deui yahoogroups anu anyar ( seratan Kang Mustakim nu munggaran mah kitu asana) atanapi perkawis undak-usuk basa Sunda..?
Upami perkawis undak usuk mah usul teh sae pisan, malah sim kuring mah satuju upami pangersa Kang Mustakim nyalira anu ngaluluguan perkawis ngabahas undak usuk, mangga geura prung...! kuncen mah satuju bae salami eta aya mangfaatna kanggo balarea, upami di "pelajari" undak usuk teh saur Pa Hidayat Suryalaga mah nu ulah pahili mung aya 30.
Leres perkawis undak usuk aya pro kontra dina mangsa kiwari, kanggo dina ieu forum mah teu kedah silih salahkeun, anu pro atuh mangga dianggo bae kalayan leres, kitu deui ka anu kontra da adab na mah kedah dianggo, tetep aya basa loma, basa lemes, basa kasar, kedah sami sami merenah nempatkeunana.
Atuh kitu deui kana basa wewengkon kedah sami sami ngahargaanana, upamina urang Baduy (ceuk sakaol mah asli urang Sunda kalebet basa Sunda-na) nyariosna kasar, kasar soteh saur urang wewengkon sanes ( wewengkon Priangan misalna) da ari kanggo dirina mah tetep we merenah.
Hatur nuhun, urang sami sami diajar bae.
 
MSasmita
kuncen # 2 ( tos kolot abdi mah tos 55 taun, nu ngora keneh mah kuncen 3,4,5 ari kuncen 6 mah sami tos kolot mung tegep keneh).
 
 
----- Original Message -----
Sent: Sunday, July 17, 2005 11:13 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] Nepangkeun sareng usul

Sanes kitu Cep Murdi,
 
Ari miturut sim kuring mah basa Sunda teh bahasa warisan ti karuhun nu masih keneh aya di alam feodal, jadi basa Sunda salaras sareng ayana stratifikasi di masarakat Sunda harita.
 
Ayeuna mugi2 feodalisme parantos sirna, namung tetep wae basa Sunda mah kedah nga-beda2-keun nu kasar, nu biasa jeung nu lemes, pami memang bade dilestarikeun jeung dianggo kalayan leres mah. Cobi geura aos conto2 dihandap ieu:
 
Abdi tuang: lepat, kuduna mah Abdi dahar
Maneh lali: lepat, kuduna mah Maneh poho
Kuring linggih di Bandung: lepat, kuduna mah Kuring cicing di Bandung
Anjing kuring keur dahar tulang: lepat, kuduna mah Anjing kuring keur ngalebok tulang
.......................... jeung sajabana ti eta.
 
Kumargi eta sim kuring ngararepkeun forum ieu teh tiasa ngalereskeun basa Sunda warisan para karuhun urang ka para anggota sadayana.....
 
Kumaha Cep Kuncen?
 
Salam,
Mustakim
 
murdi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kahatur kang Mustakin anu bageur.
Asalamualaikum wr.wb.
Ke,ke,ke...maksadna teh ngarah teu pacampur kumaha ?..... ari kaemut ku sim kuring mah, upami aya perbentenan dina masalah daerah atanapi dialek, atamah  tos lumrah, malahanmah ngarah tambih seueur kawanohan jeung nandakeun yen basa sunda teh benghar ku kata. Upami bade di pisahkeunmah, asanateh asa aya perbedaan antara urang sunda teh, duka ieumah pangemut sim kuring.
 
wassalam
msm

"A.M. Ardipradja" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Urang Sunda nu Balageur,
 
Simkuring nembean ngiring dina ieu milis.
Nami: Mustakim Ardipradja
Kawit: Desa Arjasari, Kacamatan Singaparna, Galunggung (sanes Singapura)
 
Simkuring bade ngusulkeun ka Cep Kuncen: ngadamel yahoogroups hiji deui namung husus kangge ngalestarikeun basa Sunda nu pang-kasar2-na, teras ngadamel hiji deui husus kangge basa Sunda pertengahan, teras hiji deui husus kangge basa Sunda nu pang-halus2-na. Jadi aya 3 deui yahoogroups anyar, supados katilu tingkatan basa Sunda tiasa lestari jeung dipake kalayan bener, teu pa-campur2.
 
Kumaha Cep?
 
Mustakim


Start your day with Yahoo! - make it your home page

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke