Kang Mustakim,
 
Dina raraga ngamumule Basa Sunda, sigana strategi anu mimitina mah ngingkeun bae heula sadaya anggota milist ngagunakeun Basa Sunda sanajan kumaha bae oge undak-usuk anu digunakeunana. Kademokratisan di milist  kabuktian, upama aya anggota anu migunakeun basa (Sunda) garihal), engke oge sok pada menerkeun. Saheulaanan, urang bakian bae sumanget sadaya anggota pikeun ngagunakeun Basa Sunda, bari jeung lalaunan urang silih ropea ngalarapkeun Basa Sunda anu merenah tea.
 
Di sagigireun ti anu di luhur, sakumaha kungsi diposting di ieu milist, undak-usuk Basa Sunda anu masih perlu diperhatikeun (ulah salah ngalarapkeun), dina danget ieu ngan kari 30 kecap (kulantaran masing-masing aya 3 kecap, jadina total jenderal 90 kecap). Ieu teh pamadegan ahli budaya jeung basa Sunda anu geus manukna tur mindeng jadi rujuka US (postinganana mangga pilarian i arsip ieu milist nyampak). Anapon basa Sunda anu merenah, memang eta anu jadi cita-cita sabagean gede-mun henteu sakabehna oge- US. Malah, pikeun keprluan kaelmuan mah nya basa Sunda anu loma anu kairong pangpasna teh. Hayu, urang papada silih ropea, silih ngingetan budaya urang, sigana ngaliwatan milist-milist kasundaan anu aya bae heula.
 
Baktos,
manAR
 
 


 
On 7/18/05, A.M. Ardipradja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Alaikum salam,
Leres pisan mas Bagio,
Pami aya 3 milis nu bareda mah meureun ngariweuhkeun pisan, sanaos ka-aselian tiasa sae.
Kumaha atuh solusina ambeh basa Sunda tiasa diangge kalayan "merenah"?
Cing atuh ti parakanca sadayana (hususna ti nu aranom keneh) aya usul?
Wassalam,
Mustakim


Subagio Prajitno <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalamu 'alaikum,
 
Abdi ge nembean ngiring milis iue sapertos Kang mustakim.
Nepangkeun,
 
Nami         :  Subagio Budi Prajitno
Kawit         :  Jatibarang, Indramayu
Rorompok  :  Tirtawening 52, Cisurupan, Cibiru, Bandung 40615  
 
Punten ka sadayana, abdi teu acan bentes.
 
Perkawis usul Kang Mustakim ngadamel 3 milis dumasar (berdasarkan ?) kana undak usuk, aya saena kanggo ngadisiplinkeun babasaan urang. Mung katingalna bakal ngariweuhkeun... :), panginten para saderek ngiringan langkung ti dua-tilu milis.
 
Etamah nyanggakeun we ka sadayana.
 
Waaalam,
Budi alias Cepot Padmadisastra

murdi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kahatur kang Mustakin anu bageur.
Asalamualaikum wr.wb.
Ke,ke,ke...maksadna teh ngarah teu pacampur kumaha ?..... ari kaemut ku sim kuring mah, upami aya perbentenan dina masalah daerah atanapi dialek, atamah  tos lumrah, malahanmah ngarah tambih seueur kawanohan jeung nandakeun yen basa sunda teh benghar ku kata. Upami bade di pisahkeunmah, asanateh asa aya perbedaan antara urang sunda teh, duka ieumah pangemut sim kuring.
 
wassalam
msm

"A.M. Ardipradja" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Urang Sunda nu Balageur,
 
Simkuring nembean ngiring dina ieu milis.
Nami: Mustakim Ardipradja
Kawit: Desa Arjasari, Kacamatan Singaparna, Galunggung (sanes Singapura)
 
Simkuring bade ngusulkeun ka Cep Kuncen: ngadamel yahoogroups hiji deui namung husus kangge ngalestarikeun basa Sunda nu pang-kasar2-na, teras ngadamel hiji deui husus kangge basa Sunda pertengahan, teras hiji deui husus kangge basa Sunda nu pang-halus2-na. Jadi aya 3 deui yahoogroups anyar, supados katilu tingkatan basa Sunda tiasa lestari jeung dipake kalayan bener, teu pa-campur2.
 
Kumaha Cep?
 
Mustakim




Start your day with Yahoo! - make it your home page

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke