Assalamu'alaikum
Punten sadayana....nepangkan abdi, padjar iswara, nembean jadi milis urang
sunda ieu. Kawit mah ti Bogor, di Ciapus caket Gunung Salak.Tapi ari damel
mah di Jakarta.

Punten upami abdi salah nulis, kumargi sanaos asli urang sunda, tapi ari
nulis ku basa sunda mah sim kuring rada paranas-tiris....ma'lum

Kumargi eta, sugan we ngiringan dina milis ieu, basa sunda abdi tiasa
lancar.

wassalam
padjar
NB: Hatur nuhun ka Mang Kuncen anu parantos nampi email abdi.


----- Original Message -----
From: "ndoell" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <urangsunda@yahoogroups.com>
Sent: Monday, July 18, 2005 11:21 AM
Subject: [Urang Sunda] Re: Punten Ngiring Ngariung


Wa'alaikum salaaaaaaaaam warohmatullohi wabarokaaatuh...

Alhamdulillah, nambihan deui baraya salembur kuningan
wilujeng sumping Kang Geni, mangga ngariung di ieu lembur.
tong asin-asin èh..isin-isin. timana-mendi gè araya.
ti kulon, wètan, kidul, kalèr ogè aya.

Kang Rindang mah biasana sok tu'ang-toong, kè gè ngalangkung geura.


sila deui..
-dul-



--- In urangsunda@yahoogroups.com, "genibara" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Assalamu'alaikum
> Punteeeeeeeeennnn.......araya kitu ?
>
> Tah.....geuning aya Kang Ndoell...aeh aya Kang Rindang oge, kumaha
damang kang ?
> euleuh geuning seueur dulur didieu mah.....euleuh geuning teh Titi
ge aya didieu....tos lami teh ?
>
> Punten akang-akang oge teteh-teteh, nepangkeun simkuring ,
genibara  padumukan kapungkur nuju alit (da asa geus gede ayeu na
mah, hahahaha kapan geus boga buntut :) ) nyangkoyot di sisi gawir
gunung sarongge, ti kecamatan Cibingbin mah ka palih kidul, anu
kateulah mah lembur teh Kampung Cibodas Desa Cipondok. Malahan basa
kapungkur mah leumbur abdi teh sok kaliwatan ku tangtara anu
nuju "latihan leumpang jauh", anu brasna ka Cilacap, tah ceunah mah
di Cilacap teh dikojaykeun dugi kana kapal cai.
>
> Ayeuna mah simkuring nuju ngarangkay nyieun hawu teh di kampung
keneh, nyaeta di Sukapura beulah kidul anu katelah mah Kawalu.
Perkawis pacabakan mah abdi mah buburuh di swasta.
>
> Cag ahh sakitu heula, puntennya simkuring mah teutiasa basa sunda
anu merenah, maklum asal Kuningan pasisian pagigir-gigir sareng urang
jawa, jadi pacampur basa teh...walhasil basa sundana anu kasar.
>
> Pa Kuncen....wilujeung teupang..
>
> genibara
> isk-isuk di tasik mah hujan, jabage sarung teu kabawa..tariris
yeuh...




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id

Yahoo! Groups Links












Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Reply via email to