punten, ieu mah rada sabalangbentor.
 
 
Mun teu lepat, dina salah sahiji ayat dina al Qur'an aya kalimah kieu".....mim ba'dismuhu ahmad" (anu saengeusna: nyaeta ngarana Ahmad). Ayat eta nerangkeun hiji nabi saatos NAbi Isa. (punten panglereskeun).
Tah ku urang ahmadiyah ayat eta dijadikeun patokan yen nabi saatos Isa teh lain Muhammad (wungkul) tapi aya nabi lain anu ngaranna AHMAD, da kitu dina alqur;ana oge.
Ti dinya aya hiji jalma anu ngadeklarasikeun diri sabage nabi anu wastana: MIRZA GHULAM AHMAD. Tuh cocog pan!
 
Ngan anu matak hemeng, eta nabi anyar teh ngakuna agama Islam, Kur;ana sarua jeung urang. Tah numutkeun panalungtikan Lembaga Pengkajian dan Penelitian ISlam (LPPI) anu nyerang tea, Kur'ana teh loba ditambahan, atawa dikurangan. Ceuk panalungtikana maranehna, lebih ti 117 ayat anu diropea ku maranehna jang ngalegitimasi ajaran tur sahna MIrza Ahmad
 
Kahemengan lain keur kuring nyaeta: kunaon bet teu ngaku Nabi ka Muhammad padahal jelas aya ayat lain anu ngajelaskeun yen Muhammad Rasulullah teh rasul panungtung?
 
ALiran Ahmadiyyah teh aya dua (ngan basa kuring ngobrol jeung urang Mubarak di PArung, pecahna teh teu diaku), nyaeta ahmadiyyah qodian tur ahmadiyah lahor. Duka naon tah bedana tos hilap da ngobrolna oge 7 taun ketukang.
 
Aya deui anu matak aneh, aya ahmadiyah anu teu ngaku Rasul Muhammad, aya oge anu ngaku, nga dina sahadatana ditambahan kalimah lain anu nyebut ngaran Mirza Ghulam Ahmad
 
Kuring satuju mun ahmadiyah dinilei sesat alias sasar. Ngan kuring teu satuju mun maranehna diserang sacara kasar siga kamari.
Ceuk kuring, kunaon Ahmadiyyah teh bet pantes disebut sasar (punten bilih aya anu warga ahmadiyyah)
 
1. Maranehna teu ngaku kana ajaran Islam anu diajarkeun Muhammad SAW. Buktina, saur rasul yen anjeuna rasul panungtung tapi teu diturut;
2. Maranehna teu ngaku yen muhammad SAW teh jalmi bener, leres. BUktina, al qur;an anu nyata dilungsurkeun ka muhammad malah diutak atik sakahayang.
3. Malsukeun ayat-ayat qur;an
 
Kuring satuju jeng pamanggih urang FPI nalika nyebutkeun yen mun arek mah ahmadiyyah teh nyieun agama anyar we, tong ngaku-ngaku Islam. Da manehna geus cukup mun rek nyieun teh: NAbi geus boga, Kitab Suci geus aya, Ummat oge geus aya!
 
Sakitu heula
punten
 
tantan
 
 
 
 
 
 
   Date: Mon, 18 Jul 2005 09:03:35 +0700
   From: "Zamhur \"PAKUSARAKAN\"" <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: Re: Naon Ari Ahmadiyah Teh
 
milu aub ahh...
sakanyaho simkuring mah.. ahmadiah teh... hiji aliran anu bosna aliran
eta ti pakistan atawa inda nya... kurang apal pastina
nu pasti eta pentolan teh ngaku2 yen manehna imam mahdi jeng ngaku yen
manehna nabi ka 26
 
tah iyeu pangna disebut aliran sesat mah...
 
mun aya perbedaan antara umat islam balik deui we kana al-qur'an dan as-sunah?
 
NB : aya beja oge ahmadiah mah sholatna diharepna teh kudu aya poto
bos na tea nu ngaku nabi
 
teuing bener hanteu na mah
di garut oge aya di karacak tah.. tapi teu motekar dan eleh ku almusaddyah
 
 
On 7/18/05, Agus Wirabudiman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Sampurasun
>
> Cing saha urang SUnda anu ngiringan maledogan Jemaat Ahmadiyah di bogor, eta
> kelompok teh asa teu aya ciri kasundaannana dina paripolahna
> teh....(ngaharewos Kuring keur Kuring), meureun lain urang sunda ketang...ah
> duka kumaha bingung...mikiran paripolah batur mah, diri satangtung oge can
> puguh ajeug, ngan diajar pikeun ngajegkeun nana.
>
> cik kumaha Kamotekaran Urang Sunda dina kayakinan AHMADIAYAH, sareng upami
> Aya anu ngagem Ahmadiyah di milisi Urang Sunda cing bejer beaskeun kumaha
> saestuna teh?
>
> mangga ah
> baktos
> Awb
>
> ----- Original Message -----
> From: The saint <[EMAIL PROTECTED]>
> Sent: Saturday, July 16, 2005 5:44 PM
> Subject: [Urang Sunda] Naon Ari Ahmadiyah Teh
>


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke