Da memang, sakumaha loba ceuk para inohong Sunda, anu dikuatkeun ku hasil panalungtikan Mikihiro, Basa Sunda anu asli mah teu mikawanoh undak-usuk Basa. UUBS karek mucunghul nalika urang dijajah ku Jawa anu dikuatkeun ku Walanda keur kapentingan pangjajahan. Basa Sunda anu asli, sakurang-kurangna ieu kayakinan si kuring, nya basa Sunda anu merenah, anu egaliter tea. Atuh moal aya ngahormat ka anu sakuduna dihormat? Ah ceuk saha, make basa lemes ge ari niatna henteu ngahormat mah tangtu kapanggih, boh dina lentong atawa dina semu tina isarat non verbalna.
 
baktos,
manAR

 
On 7/20/05, durahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
sarua kang akos. Kuring oge tadinamah sumanget hoyong diajar "basa sunda
anu bener". Nyaeta basa sunda nu aya undak usuk basana tea (Salah saiji
alesan kuring ngirngan milist ieu). Tapi masih gara-gara milist ieu nu
nuduhkeun aya buku SEMANGAT BARU nu dijieun ku Mikihiro sumanget diajar
"basa sunda anu bener" teh luntur. Nu aya teh sumanget pikeun make basa
sunda nu biasa di pake ku kuring ayeuna--basa sunda dialek imah kuring
di cirebon. rek ngobrol jeng kolot, jeung budak, sarua wae kecap nu
dipake eta-eta keneh).

akos kosasih wrote:

>Punten ngiring ngacapruk...
>Lamun urang maca buku si Mikihiro Moriyama dina
>"Semangat Baru", didinya dijelaskeun yen undak usuk
>basa dina basa sunda teh mucunghul (kirang langkung
>abad 17-18) nalika kaum menak sunda kataji ku sistem
>basa jawa di mataram anu leuwih nyirikeun sitem
>feodalisme.
>Kulantaran loba menak sunda anu kudu ngadeuheus ka
>mataram (enya da harita urang teh masih keneh di jajah
>mataram-ceuk Moriyama), nya kapaksa bae make basa
>sunda anu dijieun, dipapaes, nya dialus-aluskeun, siga
>basa jawa tea. Borojol we undak usuk anu diluluguan ku
>menak-menak urang anu tuturut munding tea.
>Rengse maca eta buku, sing daek sumprit, haroream deuk
>make undak usuk teh, he he he aya rarasaan masih keneh
>dijajah...:)singhoreng eta basa alus teh geuning
>titinggal warisan karuhun baraya urang anu di wetan...
>
>Wassalam,
>
>baktosna akos
>
>--- durahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>    basa sunda warisan karuhun geus leuwih tiheula
>"asup" ka musium. Basasunda kiwarimah, utamana nu
>digunakeun di priangan, basa sunda nu geusmeunang
>pangaruh kuat ti basa jawa. Bilih hoyong ningali
>kumaha basasunda asli--cenah--tingali basa sundana
>dulur urang, URANG BADUI.
>
>



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
   http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
   [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
   http://docs.yahoo.com/info/terms/






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke