Hatur nuhun kang oman pencerahanana. Tos kaharti ayeunamah bedana antara 
'kadang' jeung 'sakadang'. Jauh pisan geuning bedanateh.

oman abdurahman wrote:

>Kang,
> Anu kapanggih, antara "kadang" jeung "sakadang" beda pisan dina maksud, 
>ngan sarua dina jenis kecap. Duanana sarua jenis kecap panganteur ("harap" 
>dina Basa Arab, atawa "article" dina Basa Inggris), hartina, tara dipake 
>kecap anu mandiri (sabab teu aya hartina lamun dina wangun tunggal mah). 
> "Kadang" eta kecap panganteur keur kecap "warga", upamana: "kadang warga 
>sadaya", hartina sarua jeung "rengrengan sadaya warga". Ari "sakadang" eta 
>panganteur keur tokoh atawa anu boga lalakon dina carita, khususna dina 
>fabel atawa carita sasatoan tea. Conto: Sakadang monyet, sakadang kuya, jst.
> Anapon "kadang" dina Basa Indonesia ("kadang-kadang"), dina basa Sunda 
>maksudna : teu tangtu, atawa kecapna mah: "kalan-kalan" tea. 
> manAR. 
>
> On 7/20/05, durahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: 
>  
>
>>Ari "kadang" teh naon kang hartina? Sami henteu sareng "Sakadang"? Pan ari 
>>kecap "sakadang"mah remen dianggo dina FABEL. misalna; sakadang kancil, 
>>sakadang kuya, sakadang monyet, jrrd.
>>
>>
>>
>>    
>>
>


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Reply via email to