Perkawis ieu mah rada henteu panuju Kang Hep! Hasil ulin jeung urang Jawa 10 taun, ceuk abdi urang jawa mah langkung lemes pami ambek (basa Jawana "nesu"). Maksad teh ambek, sanes ngamuk.
Contona kieu, manehna mah jarang nyebut kebon binatang, paling banter "ASU" (anj*ng tea, punten). Seuseueurna mah nyebat teh bagean awak:badan "matamu!!", "bacotmu!!", "dengkulmu!!", "ndasmu!!", "irungmu !!". Atanapi pami hentue ngangge basa nu teu aya hartosna misalna: "diamput!!", "dancuk!!". Ku alatan beda ieu, mun dicarekan urang Jawa, sanajan ngarti sok kalah hayang seuri. Naha nyarekan urang make "irungmu!!" alias "irung maneh!!" meni teu sieun. Teu karasa dicarekan euy!! heuheu... beda pami dicarekan ku urang Sunda: "kun**k", "an**ng", "mon**et" hehehe heneg euy... Cobi we tingali buku tamuna www. persib-bandung.or.id Rame lah... Punten banyol [EMAIL PROTECTED] --- In [email protected], "Hepi" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > tapi sigana mah urang sunda atanapi jawa sami bae nya, lamun keur ambek teh sok kaluar sagala rupa eusi kebon binatang > > -Kang Hepi- Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

