wah ieu mah nyindir urang kota yeuh, simkuring ge urang lembur da, tapi ku kitu teuing mah kacida teuing tah gan gugun maenya pas leubeut kamar mandi teu terang baknya ngocor terus caina...ah meureun gan gugun ibak na sabari mengpeun meureun kacida teuing si akang mah neupi ka bulusan....he heey...........

tepangan abdi di http://members.lycos.co.uk/situspribadi/webwildan/


On 7/15/05, Waluya, Dani R <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
 
Neangan Tutup
Gan Dudun budak benghar nu lahir dikota anak juragan kurupuk karak papanggih jeung mojang kembang, nyi Keuis ngarana urang lembur anu nyuksruk jauh pisan ka kota, hiji mangsa gan Dudun nyarita ka nyi Keuis yen manehna arek ulin kalembur si nyai, bejana manehna arek pedekate ka calon mertua, jauh dijugjug anggang di teang, ngaliwatan;  tilu gunung, mentas walungan make getek jeung lempang mapay-mapay galengan estuning kasiksa jeung cape boro-boro mobil manehna asup lempang oge kudu sirkus heula nincak jembatan tinu awi anu panjangna 15 meter tapi dasar gan Dudun keur kabungbulengan nyi Keuis, nu penting urang hayang kawin jeung si nyai, kitu meurenan anu ka pikir ku Gan Dudun, akhirna bada ashar Gan Dudun karak nepi ka lembur, dilembur gan Dudun disambut ku urang lembur jeung kapala dusun saparakanca, " uing poe ayeuna jadi cepot jadi raja" kitu gerentes hatena, nincak magrib gan Dudun menta izin ka camer kieu pokna teh :
Gan Dudun : " Punten dupi abdi bade ngiring ka hampangan atanapi ka cai kumargi ieu tos ararateul hoyong ibak".
Camer        : " mangga kapengker weh cep, sok geura ibak atuh, ari didieu mah hoyong ibak sabak oge teu kunanaon, jeung titatadi asa bau hangit".
Gan Dudun : " Nuhun atuh, bari ngoloyor kacai bari mawa anduk bebekelan manehna.
 
gejebarrrrr,......gejeburrrr,.....sora cai nandakeun Gan Dudun keur mandi di cai...
 
15 menit, 20 menit, 30 menit......sajam,....dua jam, kunaon gan Dudun acan kaluar ti eta kamar mandi, nu boga imah kacida deudeupeuna, kunaon ieu semah lila-lila teuing di kamar mandi.
 
Nyi Keuis : "Kang  tong sare dikamar mandi kang....!!!"
Gan Dudun :" Lain nyi....., akang teh keur neangan nu lengit yeuh....
Nyi keuis : "neangan naon kang !!!!
 
Gan Dudun : "neangan tutup bak,.... cai ngocor bae....!!!
Nyi Keuis : "ah dasar si akang mah sugan teh neangan naon,....ari dilembur mah cai teh tara dicocokan !!!
Gan Dudun : "Bedul teh.....paingan ku nguing diteangan eueweuh, duh punten Joni yeuh mani kabulusan kieu....!!  (DW)   
 
 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS






--
Wassalam Mualaikum Wr Wb

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Reply via email to